Arsip | BERANDA RSS feed for this section

Raden Suteja

25 Apr

Tulisan ini ada dalam buku kuwung-kuwung (lalampahan ka pilemburan)

Leuwi Cimenyan, mangrupakeun tapel wates dua desa nyaeta Desa Kasturi Kacamatan Karamatmulya jeung Kelurahan Ciporang Kacamatan Kuningan. Pikeun masarakat hususna di pakotaan Kuningan atawa nu deukeut ka eta leuwi, ngaran Cimenyan geus jadi kacapangan. Leuwi Cimenyan geus katelah sanget. Bisa disebutkeun tempat panonoban siluman oray.

Baca lebih lanjut

Tradisi Paparonan di Kuningan

27 Sep

 

Tradisi Paparon di Kuningan, kawates kana sato ingon-ingon

Tradisi Paparon di Kuningan, kawates kana sato ingon-ingon

KAAYAAN ekonomi kiwari, pikeun masarakat tani karasana matak eungap. Komo deui, cenah keur nyanghareupan krisis ekonomi global ceuk irongan para ahli ekonomi baris ngarujadkeun paekonomian sacara umum. Boh di nagara-nagara maju atawa Indonesia nu kaasup karek eungkeut-eungkeut. Masarakat rea nu luh-lah alatan hahargaan teu daek turun.

Baca lebih lanjut

Nyi Rabut Kasih Kungsi ka Kuningan

27 Sep

Batu tatapakan keur imah Nyi Rambut Kasih

Batu tatapakan keur imah Nyi Rambut Kasih

NYI  Rambut Kasih, ratu ti Karajaan Sindangkasih (kiwari Majalengka-red) kungsi ka Kuningan. Anjeuna hayang papanggih jeung babaturanna di Luragung, Wangsakera, adina Wangsajaya masih rundayan Ki Gedeng Luragung atawa Jayaraksa adina Arya Kamuning atawa Bratawijaya. Tujuanana hayang mangumahakeun ngeunaan mahabuna Islam, alatan panggeuing Sunan Gunung Djati.

Baca lebih lanjut

Arca Yoni Bukti Kabeungharan Purbakala di Kuningan

27 Sep

 

Arca Lingga Yoni di Desa Susukan Kec. Cipicung - Kuningan

Arca Lingga Yoni di Desa Susukan Kec. Cipicung - Kuningan

DI Dusun Pahing Desa Susukan Kacamatan Cipicung Kuningan, aya benda cagar budaya (BCB) patung lingga yoni. Sawadina eta patung sasetel jeung linggana ngan nu kapanggih kari yoni bae. Tempatna kawilang hade, di sisi lembur samalah ti bale desa jarakna kurag leuwih lima ratus meter. Ngan kaayaanana pikahariwangeun sabab teu enya-enya dirumat.

Baca lebih lanjut

Tradisi Pesta Dadung

24 Mar

TRADISI PESTA DADUNG DI DESA LEGOKHERANG

TRADISI PESTA DADUNG DI DESA LEGOKHERANG

Pesta dadung merupakan kesenian tradisional berasal dari Desa Legokherang Kecamatan Cilebak Kabupaten Kuningan yang hidup ratusan tahun lalu. Kendati dalam perjalanannya tidak semulus kesenian tradisi lainnya. Namun paratetua desa tidak mengharapkan tradisi itu punah. Sebab sudah berlangsung secara turun temurun dan menjadi ikon Kabupaten Kuningan.

Baca lebih lanjut

Penggalian Tanah di Maneungteung Merusak Bukti Sejarah

15 Jan

PENGGALIAN TANAH DI WILAYAH MANEUNGTEUNG AKAN MENGHANCURKAN NILAI-NILAI KESEJARAHAN SANGKURIANG

PENGGALIAN TANAH DI WILAYAH MANEUNGTEUNG AKAN MENGHANCURKAN NILAI-NILAI KESEJARAHAN SANGKURIANG

Penggalian tanah di wilayah Maneungteung yang secara administratif masuk ke daerah Kab Cirebon, tepatnya di Desa Waled Asem Kec Waled. Merupakan daerah perbatasan dengan Kab Kuningan dari wilayah timur. Untuk pengurugan jalan tol Cibogo-Kanci (Kota Cirebon) dianggap menghancurkan bukti-bukti sejarah Kerajaan Purwasanggarung (Kuningan-red).

Kerajaan tersebut berdiri Tahun 363-669 M, di bawah kekuasaan Karajaan Tarumanagara. Mungkin nama kerajaannya kurang dikenal, sedangkan legenda rakyatnya sampai saat ini masih hidup di tengah-tengah masyarakat. Legenda yang cukup populer yakni Sangkuriang. Yang menceritakan seorang anak ingin menikahi ibunya, Dayang Sumbi.

Baca lebih lanjut

Makam Kuno, Awal Sumebarna Islam Kapanggih di Gunung Batu

15 Sep

NISAN DENGAN TULISAN CACARAKAN DI GUNUNG BATU DESA CILEULEUY

NISAN DENGAN TULISAN CACARAKAN DI GUNUNG BATU DESA CILEULEUY

Pikeun ngadukung kawasan Gunung Batu di Desa Cileuleuy, statusna kaasup banda cagar budaya (BCB) pihak P4P Serang Banten keur tihothat. Sabab galur pamikiran tim ti P4P asa pamohalan mun guci nu ditimukeun taya pendukung sejena. Copelna, dina tayana wanoa (karajaan atawa padukuhan), tangtuna aya garis katurunan, padepokan atawa pilemburan.

Dumasar pamikiran samodel kitu, Zakaria saparakanca kukurubutan di sabudeureun Gunung Batu. Sapoe jeput jeung siga taya kacape ngirlingan lahan nu legana 70 hektar. Keur mah tempatna nanjak mudun sabab geus rea batu nu ditugaran katut kesikna dikalian. Swendhi, nanyakeun ka Salim, “Naha di lelewek ieu aya komplek pajaratan?” dijawab aya.

Geus kitu mah, rombongan muru komplek pajaratan umum Desa Cileuleuy nu anggangna ti tempat ditimukeunana guci aya meureun saratus meterna ka beulah wetan. Tapi jalana rada nguriling jeung nanjak lantaran aya di luhur pasir. Anjog ka pajaratan, Salim nyebutkeun aya makam nu dianggap teu puguh laratanana tapi urang lembur nyebutna Embah Sentul.

Satutasna dipariksa leuwih gemet ku tim, eta makam diduga lain hiji-hijina makam nu aya pakuat-pakaitna reujeung guci. Swedhi, ngaduga nu disebut makam Embah Sentul nu taya kajelasan asal-usulna atawa biasa disebut lain rundayan masarakat Desa Cileuleuy. Anggapan samentara, eta makam diduga aya lain ngan hiji tapi bagean tina kolompok masarakat.

Salim, mere apal yen di eta pajaratan masih aya keneh makam nu teu dipiwanoh. Samalah ngaran, asal-usulna jeung taun wafatna taya. Tapi aya kalimah dina maesanana, ngan dirina teu apal, tulisan naon jeung hartina. Rombongan, teu talangke muru makam nu disebutkeun Salim. Teu pati jauh antara makam Embah Sentul ka makam nu dimaksud, kira-kira 25 meteran anggangna.

Sapaliwatan, makam nu dituduhkeun teu beda jauh jeung makam-makam sejena nu aya di eta lelewek. Dua makam pagigir-gigir nyanghareup ngaler ngidul. Kenca katuhuna ngan dipasang batu jeung maesan nu ilahar. Makam teh dialak-ilik ku tim imeut pisan. Barang breh teh dina maesan aya nu teu ilahar jeung makam sejena. Aya tulisan ngagunakeun aksara cacarakan (datasawala).

“Makam keur mere ciri ka nu teu apaleun atawa sebut bae makam kuno. Mun maesanana pucukna kawas gelung eta awewe. Tapi mun lancip cirina lalaki. Ieu (nuduhkeun ka makam nu congo kawas gelung) nu dipendemna awewe,” ceuk Zakaria bari ngilikan maesan. Inyana naya ka Salim jeung pada baturna “Saha ngaran ieu makam teh?” dijawab ku Salim cukup ku “Duka teu terang.”

Ceuk Zakaria keneh “Ieu makam bisa aya pakuat-pakaitna reujeung guci nu ditimukeun. Ngan kudu aya panalungtikan nu leuwih gemet. Naha bener atawa henteuna? Sabab bisa bae ieu tulisan meunang anyar atawa memang geus ti baheulana. Samentara mah bisa diduga yen ieu makam kaasup kuno. Eta hal dumasar ciri-ciri dina maesan,” pokna bari noelan maesan.

Sabagean aksarana geus katutup ku lumut, supa jeung ganggang, sambungna, teu bisa dikoerkeun ku paku atawa alat teus sejena. Tapi kudu ngagunakeun zat kimia, nyaeta ACC 322. Maesanana memang geus teu kaurus mun dicokelan, dirina hawatir bisi cacad. Sedengkeun dina maesanana aya tulisan nu ngagunakeun aksara cacarakan, nu engkena ngarobah maksudna.

Ngan dirina harita teu mawa alatna. Ku kituna geus diniatan bakal datang deui ka Gunung Batu pikeun nalungtik leuwih gemet. Kajeun karek dugaan, Zakaria mere ciri-ciri atawa simbul nu aya dina maesan. Dina maesan, aya garis buled, di jerona aya tulisan cacarakan, ceuk Swedhi eta hartina wafat. Garis buled ampir sarua jeung makam-makam katurunana Kacirebonan.

“Aya sababaraha ciri nu nuduhkeun jaman dikurebkeunana jalma maot. Mun aya tanda buled jeung garis-garis lurus di luar lingkaran. Contona kawas lambang partai amanat nasional (PAN) eta disebutna Cahaya Majapait. Hartina, maesan nu aya lambang samodel kitu, mangrupakeun makam mangsa Karajaan Majapait,” ceuk Zakaria daria.

Diunggal daerah, ceuk Zakaria, mibanda simbul beda-beda kawas Aceh, Sulawesi, Palembang, Dayak jeung rea-rea deui. “Sedengkeun simbul dina makam ieu (Gunung Batu-red) mangrupakeun jaman Kasultanan Cirebon atawa mimitina sumebarna Islam di Sunda atawa Pulo Jawa. Jadi kasimpulan awal, antara makam jeung guci aya patula-patalina,” tandesna.

Zakaria nerangkeun, yen guci di bawa ka Gunung Batu ku salah saurang ulama ti Cirebon samemeh Gunung Cireme bitu. Eta ulama nyieun padepokan di eta lelewek keur nyumebarkeun agama Islam. Hubunganana jeung guci, nyaeta palasipah guci deukeut jeung cai. Hartina guci bisa dianggap keur naur cai atawa nyimpen. Sabab mangsa harita tacan aya tempat husus kawas kiwari.

Sacara geografis, makam geus bener ayana di luhur pasir. Sabab satutasna Cireme bitu, pasir teh aya dihandapeunana. Lantaran lahar jeung batu teu bisa laju ngamalirna. Antuna ngageneng, jadi bae pasir atawa Gunung Batu. “Sigana, makam ieu samemeh Cireme bitu geus aya, jeung dihandapeunana mangrupakeun padepokan keur nyumebarkeun Islam,” tandesna.

Eta hal dikuatkeun deui ku wanda makam nu nyanghulu ngaler ngidul. Mun makam wandana samodel kitu hartina peradaban geus luhur jeung agamana Islam. Sabab Hindu-Budha teu dikurebkeun tapi di beuleum. Beda jeung agama Purbastiti Purbajati nu diagem ku Sri Baduga Maharaja Niskala Wastu Kancana, taya nu maot tapi ngahiang eta oge mun geus nepi ka moksa (abadi).

Eta hal disababkeun taya bukti-bukti boh rupa makam rajana atawa rahayatna. sedengkeun makam-makam purbakala atawa pra sajarah nyanghulu ka barat daya atawa timur laut. Antara periodesasi jaman, geus ngabedakeun wanda makamna. Ngan karereana makam kuno nu kapanggih di Sunda mangsa Islam sumebar jeung jaman purbakala. Hartina aya hiji generasi masarakat nu leungit laratanana.

“Ngan pikeun ngabuktikeunana lelewek Gunung Batu kudu dieskavasi (dikali) heula. Ngan nya kitu, ngabutuhkeun waragad lain saeutik,” pokna semu rumahuh.***

Tajil Di Kuningan Ngadahar Bubur Lemu

3 Sep
TAJIL

TAJIL

SABAN nincak bulan ramadhan, remen kareungeu kekecapan tajil. Eta kecap asalna tina Basa Arab, nu hartina mun buka puasa sawadina ngadahar nu amis-amis heula. Di Kuningan, kecap tajil dihartikeun basajan pisan, nyaeta ngabatalan puasa. Ngabatalanana aya ku cai herang, cai enteh amis, tapi teu saeutik nu ngadahar kolek. Nu penting mah ngabaseuhan tikoro.

Keur tajil kiwari teu kudu menit (jangar) sabab rea kaolahan rumah tangga nu geus jadi barang konsumsi balarea. Samalah nu samemehna tacan kungsi dagang oge, ngadadak miluan. Tempatna aya di buruan imah, emper toko. Barangna mah teu pira kawas kolek cau, waluh gede, pangpangna bubur lemu. Beda jeung jaman baheula, copelna Taun 80-an ka tukang kudu popolah heula di dapur.

“Jaman sim kuring keur ngora atawa leutik rek tajil teh sok kokotetengan heula ti beurangna. Nyiar bahan keur pasakeunana nu geus kaerong ti kamari keneh. Boh ka kebon, huma atawa ka sawah. Mangsa harita, lain pedah teu kabedag keur meulina tapi di pasarna tacan sagala nyampak,” ceuk Uju, 69 taun, warga Blok Cipicung Kelurahan/Kecamatan Kuningan.

Uju, mere contoh saumpamana keur tajil poe isukan hayang jeung bubur lemu. Apan eta teh kudu ka kebon heula ngilikan tangkal kawung pugur (taya daunan) atawa sampeu jeung boled (hui). Mun aya, kawung teh diala galeuhna tuluy dijieun tipung. Dina euweuhna, tipungna ngagunakeun sampeu atawa boled. Ngan nyieuna rada lila sabab teu digiling.

Baheula, ceuk Uju, kadaharan keur tajil nu pang dipikalandep nyaeta bubur lemu. Dirina teu apal di daerah sejen aya henteuna atawa mibanda ngaran nu beda. Ngan sakanyahona bubur lemu di Kuningan geus aya ti baheula mula. Samemeh jadikeun hiji tradisi keur tajil, sok dipake kadaharan sapopoena keur mangsa tigerat. Salian dipake tajil, oge dipake sarandu keur nyukur budak umur 40 poe.

“Ti Taun 70-an, sim kuring unggal tajil tara tinggaleun tina bubur lemu. Nya salian ti keur mulangkeun paninengan, oge geus jadi kadaharan has masarakat Kuningan mangsa bulan puasa. Apan dina bulan-bulan sejen mah arang langka nu ngajualna. Dina ayana oge keur sarat atawa nyieuna teu pati rea. Sabab tacan aya nu ngahalnakeun pikeun pagawean poko,” pokna.

Iim Abdurahim, 58 Taun, mairan. Bubur lemu kiwari jeung baheula memang beda. Mun baheula bahana tina tipung kawung, kiwari karereana ngagunakeun tipung beas. Keur mah tangkal kawungna geus hese, tur teu migawena angel (hese). Sedengkeun tipung beas mah di pasar oge ngaleuya. Dina kosongna, kari mawa beas ka panggilingan tipung pan beres.

“Samemeh rea mesin tipung, beasna kudu ditutu heula. Nutuna, lain bae samenit dua menit tapi mangjam-jam. Kalan-kalan ti wanci asar, parat nepi ka maghrib bari jeung beubeunanganan tilu nepi ka lima rantang. Lamun dipigawena, mangsa bulan puasa mah leuseuh manten. Nu matak, pisabulaneun keneh kaom wanoja jeung ibu-ibu nyieun tipungna,” pokna.

Tina eta sasadiaan, ceuk Iim, tipung teh diancokeun keur nyieun bubur lemu, kueh, pupuntir (siga papais tapi teu make kalapa meunang marud dicampur gula) jeung gagaringan. Ari bubur lemu keur tajil, boh di imah atawa dibawa ka masjid jeung tajug. Sedengkeun nu liana diancokeun jang silih kirim samemeh lebaran. Harita mah migawe nu kitu teu bisa didadak kawas kiwari.

Anah, 44 taun, salah saurang pedagang kolek di emperan toko jalan Siliwangi, ngaku yen dirina unggal bulan ramadhan sok ngadadasar. Teu pira nu dijualna mah rupa-rupa kolek, sabangsaning kolek waluh, cau, gencel (aci dibuleud-buleud digulaan), bubur lemu jeung rea-rea deui. Dirina tetep nyadiakeun bubur lemu, kajeun ngan ukur sababaraha bungkus plastik.

Eta oge lain jieunanana tapi nu nitip. Kajeun ngan saeutik jumlahna tapi nu pang larisna bubur lemu. Rea masarakat nu nanyakeun, pedah rada hese nyiarna. Kajeun laris, dirina teu bisa nambahan sabab ku nu nyieuna dititip-titipkeun ka warung sejen. Dina lobana ngan sapuluh bungkus plastik. Sabungkusna dijual sarebu perak sedengkeun ti nu nitip ngan dalapan ratus perak.

“Lakuna bubur lemu, sigana mah pedah kadaharan baheula jeung reana mangsa bulan puasa bae. Ari bulan-bulan biasa mah teu pati loba nu ngahaja nyiar. Jeung deuih mun unggal waktu aya tangtuna jalma teh boseneun. Keur mah eleh ku kadaharan moderen sejena. Duka mun kemasanana dijieun nu rada gaya, tangtuna rea jalma nu leuwih mikalandep,” ceuk Anah.

Mimin, 53 taun, salah saurang tukang nyieun bubur lemu, warga Blok Buana Kelurahan Cijoho Kecamatan Kuningan ngeceskeun. Nyieun bubur lemu geus jadi pagawean matok, geus aya tujuh belas tauna. Salian keur ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoena, dirina boga pamadegan yen bubur lemu sawadina jadi kareueus daerah. Sabab dirina yakin, yen eta kadaharan geus jadi ciri has.

Mimin oge ngaku, yen kiwari bubur lemu geus dijieun ku urang mana bae. Lantaran carana gampang, teu merelukeun waktu, tanaga katut bahan. Cukup ku tipung beas, santen (kalapa) pandan jeung gula beureum. Tipung, diasakan kawas nyieun bubur sejena tuluy diasupkeun pandan sacukupna. Pungsi pandan, salian keur mere warna hejo, oge sangkan seungit.

Teu make samara sejena, ceuk Mimin, nu matak karasana camewek. Pikeun mere rasa dibere gula beureum nu geus dijadikeun cai. “Mun hayang lila teu tereh haseum ulah make santen. Tapi mun saharitaeun sok make, maksudna di dahar harita keneh. Kusabab ngajual teh teu tuluy payu, tara make santen. Boh nu dijual di pasar, atawa di titip-titipkeun ka warung,” pokna.

Dina sapoe, Mimin nyieun bubur lemu antara sapuluh nepi ka lima belas kilo tipung. Ari bulan puasa nepi ka dua puluh kilona. Sabab rea nu nyiar. Sedengkeun peo-poe biasa dina lobana sapuluh kilo. Eta oge teu kabeh payu, sok nyesa. Tina jumlah sakitu ngan dua ratus bungkuseun. Sabungkusna dihargakeun dalapan ratus perak. Sedengkeun nu dibawa ka pasar regana sarebu perak.

“Tina dagang bubur lemu teu boga untung gede, ngan cukup keur jajan incu. Komo deui hahargaan kiwari beuki apung-apungan. Sedengkeun tukang dagang leutik mah boro-boro bisa untung, dina pulang modal oge geus alhamdulillah. Nya ngarasakeun mah bati capena. Tapi cicing bae di imah kawasna moal kabedag meuli minyak-minyak acan,” pokna.

Mimin, ngitung waragad jeung panghasilanana tina dagang bubur lemu. Tipung sakilo regana lima rebu perak kalikeun sapuluh kilo. Kalikeun deui kana barang nu payu, teu kungsi ngaratus rebu. Sedengkeun waragad nu dikaluarkeun diantarana jang meuli gula beureum, kalapa, minyak lantung (minyak tanah) jeung pandan. Memang ningali tina untung mah teu pira. “Bisa disebutkeun tukang dagang ninggalkeun hutang teh lain bobohongan,” tandesna.***

—————–

BUBUR lemu mun ditingali tina bahan-bahan nu digunakeun diantarana tipung beas, gula beureum, santen jeung pandan. Sapaliwatan, mibanda karbonhidrat luhur ajena keur awak urang. Sarua jeung ngandung zat pembangun awak, atawa mere tanaga ka manusa. Komo mun takeranana diluyukeun jeung pangabutuhna tangtu leuwih karasa mangpaatna.

Komo deuih mun teu disantenan jeung digulaan, kusabab teu make samara kawas uyah, bawang jeung nu liana cocok pisan keur jalma nu katerap kasakit gula. Tapi sabalikna, pikeun nu boga kasakit darah tinggi jeung gula darah dipahing pisan. “Mun takeranana (jumlah nu didaharna) saimbang moal aya matakna. Ngan angger ati-ati mah kudu,” ceuk Sariah, salah saurang tenaga medis di Rumah Sakit Wijaya Kusumah Kuningan.

Sambungna, “Memang keur nu puasa mah penting pisan ngadahar amis-amisan. Sabab kadaharan nu rasana amis bisa ngabantu ningkatkeun metabolisma. Kajeun kitu, ulah nepi kokomoan. Bubur lemu, bisa ngabantu sistim pencernaan nu samemehna teu kaeusian. Jadi padaharan teu kaget teuing, nya sawadina barang daharna nu leuleus heula.”

Salian ti eta, ceuk Sariah, bubur lemu make pewarna alami siga pandan ulah dijieun leutik hate. Sabab dumasar panalungtikan para ahli daun pandan mibanda zat kimia nu teu ngabahayakeun kasehatan. Pandan atawa famili pandanaceae, aya opat rupa diantarana pandan wangi, pandan laut, pandan duri jeung buah merah papua. Nu dipake keur kaolahan dapur nyaeta pandan wangi.

Padan wangi mibanda zat kimia diantarana alkaloid, saponin, flavoida, tanin, polifenol dan zat pewarna. Eta zat mibanda kasiat beda-beda, bisa keur nenangkeun pikiran siga zat tanin. Samalah di daerah sejen dijadikeun ubar lemah sahwat. Badan Penelitian dan Pengembangan Departemen Kesehatan, kungsi nalungtik kasiat pandan, tapi keur ngungkulan kasakit demam berdarah.

Hasilna memang nyugemakeun keur widang kasehatan mah. Ku kituna, ceuk Sariah, luluhur Sunda geus mikawanoh kana ubar-ubaran nu dihasilkeun ku alam. Ngan arang langka dijelaskeun sacara ilmiah. Cukup ku nyaritakeun hasiat sacara umum. Tapi kaharti oge lantaran mangsa harita tacan aya laboratorium keung nalungtikna. Jadi teu munasabah mere “pr” ka generasi kiwari sangkan ngayakeun panalungtikan nu leuwih gemet patuturna.

“Hasiat sejena tina pandan wangi, salian ti keur nyengitkeun kadaharan. Ku para ahli herbal jeung farmakologi (ubar-ubaran) dijadikeun bahan dasar keur kasakit lemah saraf (neurasthenia), kurang nafsu dahar, rematik, pegel linu, nyeri dibarung marojengja, buuk rontok, keur ngecet buuk jeung ngaleungitkeun kotombe. Bisa disebutkeun pandan multihasiat,” pokna.

Teu salah, ceuk Sariah, mun masarakat ngamumule kadaharan has daerah nu mibanda gede ajena. Kiwari rea kadaharan nu pikabongroyeun lantaran dianggap leuwih moderen jeung gengsi. Tapi geuning teu saeutik kadaharan nu bisa ngabahayakeun kasehatan. Remen dicaritakeun dina media masa, alatan hayang payu barang-barangna bari jeung teu mikirkeun jang kasehatanana.

Diantarana bae aya kadaharan nu make formalin, pemutih jeung zat sejena nu matak pibahayaeun. “Ku kituna, sim kuring miharep sangkan masarakat di Kuningan leuwih ati-ati kana kadaharan mangsa bulan puasa. Sabab mun tambarakan kasakit gancang nerap. Keur mah daya tahan awakna rada ngurangan mun teu dijaga lain bisa ngajalankeun ibadah tapi sabalikna,” pokna.

Sambungna, “Sangkan hirup leuwih sehat, nu dipiharep mah ngareakeun kadaharan nu holna ti alam. Kawas sasayuran jeung bungbuahan. Salian ti eta, mun bisa mulang deui kana kadaharan tradisi kolot baheula sabab dianggap masih keneh steril. Teu kaancikan ku zat-zat kimia.”***