Tajil Di Kuningan Ngadahar Bubur Lemu

3 Sep
TAJIL

TAJIL

SABAN nincak bulan ramadhan, remen kareungeu kekecapan tajil. Eta kecap asalna tina Basa Arab, nu hartina mun buka puasa sawadina ngadahar nu amis-amis heula. Di Kuningan, kecap tajil dihartikeun basajan pisan, nyaeta ngabatalan puasa. Ngabatalanana aya ku cai herang, cai enteh amis, tapi teu saeutik nu ngadahar kolek. Nu penting mah ngabaseuhan tikoro.

Keur tajil kiwari teu kudu menit (jangar) sabab rea kaolahan rumah tangga nu geus jadi barang konsumsi balarea. Samalah nu samemehna tacan kungsi dagang oge, ngadadak miluan. Tempatna aya di buruan imah, emper toko. Barangna mah teu pira kawas kolek cau, waluh gede, pangpangna bubur lemu. Beda jeung jaman baheula, copelna Taun 80-an ka tukang kudu popolah heula di dapur.

“Jaman sim kuring keur ngora atawa leutik rek tajil teh sok kokotetengan heula ti beurangna. Nyiar bahan keur pasakeunana nu geus kaerong ti kamari keneh. Boh ka kebon, huma atawa ka sawah. Mangsa harita, lain pedah teu kabedag keur meulina tapi di pasarna tacan sagala nyampak,” ceuk Uju, 69 taun, warga Blok Cipicung Kelurahan/Kecamatan Kuningan.

Uju, mere contoh saumpamana keur tajil poe isukan hayang jeung bubur lemu. Apan eta teh kudu ka kebon heula ngilikan tangkal kawung pugur (taya daunan) atawa sampeu jeung boled (hui). Mun aya, kawung teh diala galeuhna tuluy dijieun tipung. Dina euweuhna, tipungna ngagunakeun sampeu atawa boled. Ngan nyieuna rada lila sabab teu digiling.

Baheula, ceuk Uju, kadaharan keur tajil nu pang dipikalandep nyaeta bubur lemu. Dirina teu apal di daerah sejen aya henteuna atawa mibanda ngaran nu beda. Ngan sakanyahona bubur lemu di Kuningan geus aya ti baheula mula. Samemeh jadikeun hiji tradisi keur tajil, sok dipake kadaharan sapopoena keur mangsa tigerat. Salian dipake tajil, oge dipake sarandu keur nyukur budak umur 40 poe.

“Ti Taun 70-an, sim kuring unggal tajil tara tinggaleun tina bubur lemu. Nya salian ti keur mulangkeun paninengan, oge geus jadi kadaharan has masarakat Kuningan mangsa bulan puasa. Apan dina bulan-bulan sejen mah arang langka nu ngajualna. Dina ayana oge keur sarat atawa nyieuna teu pati rea. Sabab tacan aya nu ngahalnakeun pikeun pagawean poko,” pokna.

Iim Abdurahim, 58 Taun, mairan. Bubur lemu kiwari jeung baheula memang beda. Mun baheula bahana tina tipung kawung, kiwari karereana ngagunakeun tipung beas. Keur mah tangkal kawungna geus hese, tur teu migawena angel (hese). Sedengkeun tipung beas mah di pasar oge ngaleuya. Dina kosongna, kari mawa beas ka panggilingan tipung pan beres.

“Samemeh rea mesin tipung, beasna kudu ditutu heula. Nutuna, lain bae samenit dua menit tapi mangjam-jam. Kalan-kalan ti wanci asar, parat nepi ka maghrib bari jeung beubeunanganan tilu nepi ka lima rantang. Lamun dipigawena, mangsa bulan puasa mah leuseuh manten. Nu matak, pisabulaneun keneh kaom wanoja jeung ibu-ibu nyieun tipungna,” pokna.

Tina eta sasadiaan, ceuk Iim, tipung teh diancokeun keur nyieun bubur lemu, kueh, pupuntir (siga papais tapi teu make kalapa meunang marud dicampur gula) jeung gagaringan. Ari bubur lemu keur tajil, boh di imah atawa dibawa ka masjid jeung tajug. Sedengkeun nu liana diancokeun jang silih kirim samemeh lebaran. Harita mah migawe nu kitu teu bisa didadak kawas kiwari.

Anah, 44 taun, salah saurang pedagang kolek di emperan toko jalan Siliwangi, ngaku yen dirina unggal bulan ramadhan sok ngadadasar. Teu pira nu dijualna mah rupa-rupa kolek, sabangsaning kolek waluh, cau, gencel (aci dibuleud-buleud digulaan), bubur lemu jeung rea-rea deui. Dirina tetep nyadiakeun bubur lemu, kajeun ngan ukur sababaraha bungkus plastik.

Eta oge lain jieunanana tapi nu nitip. Kajeun ngan saeutik jumlahna tapi nu pang larisna bubur lemu. Rea masarakat nu nanyakeun, pedah rada hese nyiarna. Kajeun laris, dirina teu bisa nambahan sabab ku nu nyieuna dititip-titipkeun ka warung sejen. Dina lobana ngan sapuluh bungkus plastik. Sabungkusna dijual sarebu perak sedengkeun ti nu nitip ngan dalapan ratus perak.

“Lakuna bubur lemu, sigana mah pedah kadaharan baheula jeung reana mangsa bulan puasa bae. Ari bulan-bulan biasa mah teu pati loba nu ngahaja nyiar. Jeung deuih mun unggal waktu aya tangtuna jalma teh boseneun. Keur mah eleh ku kadaharan moderen sejena. Duka mun kemasanana dijieun nu rada gaya, tangtuna rea jalma nu leuwih mikalandep,” ceuk Anah.

Mimin, 53 taun, salah saurang tukang nyieun bubur lemu, warga Blok Buana Kelurahan Cijoho Kecamatan Kuningan ngeceskeun. Nyieun bubur lemu geus jadi pagawean matok, geus aya tujuh belas tauna. Salian keur ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoena, dirina boga pamadegan yen bubur lemu sawadina jadi kareueus daerah. Sabab dirina yakin, yen eta kadaharan geus jadi ciri has.

Mimin oge ngaku, yen kiwari bubur lemu geus dijieun ku urang mana bae. Lantaran carana gampang, teu merelukeun waktu, tanaga katut bahan. Cukup ku tipung beas, santen (kalapa) pandan jeung gula beureum. Tipung, diasakan kawas nyieun bubur sejena tuluy diasupkeun pandan sacukupna. Pungsi pandan, salian keur mere warna hejo, oge sangkan seungit.

Teu make samara sejena, ceuk Mimin, nu matak karasana camewek. Pikeun mere rasa dibere gula beureum nu geus dijadikeun cai. “Mun hayang lila teu tereh haseum ulah make santen. Tapi mun saharitaeun sok make, maksudna di dahar harita keneh. Kusabab ngajual teh teu tuluy payu, tara make santen. Boh nu dijual di pasar, atawa di titip-titipkeun ka warung,” pokna.

Dina sapoe, Mimin nyieun bubur lemu antara sapuluh nepi ka lima belas kilo tipung. Ari bulan puasa nepi ka dua puluh kilona. Sabab rea nu nyiar. Sedengkeun peo-poe biasa dina lobana sapuluh kilo. Eta oge teu kabeh payu, sok nyesa. Tina jumlah sakitu ngan dua ratus bungkuseun. Sabungkusna dihargakeun dalapan ratus perak. Sedengkeun nu dibawa ka pasar regana sarebu perak.

“Tina dagang bubur lemu teu boga untung gede, ngan cukup keur jajan incu. Komo deui hahargaan kiwari beuki apung-apungan. Sedengkeun tukang dagang leutik mah boro-boro bisa untung, dina pulang modal oge geus alhamdulillah. Nya ngarasakeun mah bati capena. Tapi cicing bae di imah kawasna moal kabedag meuli minyak-minyak acan,” pokna.

Mimin, ngitung waragad jeung panghasilanana tina dagang bubur lemu. Tipung sakilo regana lima rebu perak kalikeun sapuluh kilo. Kalikeun deui kana barang nu payu, teu kungsi ngaratus rebu. Sedengkeun waragad nu dikaluarkeun diantarana jang meuli gula beureum, kalapa, minyak lantung (minyak tanah) jeung pandan. Memang ningali tina untung mah teu pira. “Bisa disebutkeun tukang dagang ninggalkeun hutang teh lain bobohongan,” tandesna.***

—————–

BUBUR lemu mun ditingali tina bahan-bahan nu digunakeun diantarana tipung beas, gula beureum, santen jeung pandan. Sapaliwatan, mibanda karbonhidrat luhur ajena keur awak urang. Sarua jeung ngandung zat pembangun awak, atawa mere tanaga ka manusa. Komo mun takeranana diluyukeun jeung pangabutuhna tangtu leuwih karasa mangpaatna.

Komo deuih mun teu disantenan jeung digulaan, kusabab teu make samara kawas uyah, bawang jeung nu liana cocok pisan keur jalma nu katerap kasakit gula. Tapi sabalikna, pikeun nu boga kasakit darah tinggi jeung gula darah dipahing pisan. “Mun takeranana (jumlah nu didaharna) saimbang moal aya matakna. Ngan angger ati-ati mah kudu,” ceuk Sariah, salah saurang tenaga medis di Rumah Sakit Wijaya Kusumah Kuningan.

Sambungna, “Memang keur nu puasa mah penting pisan ngadahar amis-amisan. Sabab kadaharan nu rasana amis bisa ngabantu ningkatkeun metabolisma. Kajeun kitu, ulah nepi kokomoan. Bubur lemu, bisa ngabantu sistim pencernaan nu samemehna teu kaeusian. Jadi padaharan teu kaget teuing, nya sawadina barang daharna nu leuleus heula.”

Salian ti eta, ceuk Sariah, bubur lemu make pewarna alami siga pandan ulah dijieun leutik hate. Sabab dumasar panalungtikan para ahli daun pandan mibanda zat kimia nu teu ngabahayakeun kasehatan. Pandan atawa famili pandanaceae, aya opat rupa diantarana pandan wangi, pandan laut, pandan duri jeung buah merah papua. Nu dipake keur kaolahan dapur nyaeta pandan wangi.

Padan wangi mibanda zat kimia diantarana alkaloid, saponin, flavoida, tanin, polifenol dan zat pewarna. Eta zat mibanda kasiat beda-beda, bisa keur nenangkeun pikiran siga zat tanin. Samalah di daerah sejen dijadikeun ubar lemah sahwat. Badan Penelitian dan Pengembangan Departemen Kesehatan, kungsi nalungtik kasiat pandan, tapi keur ngungkulan kasakit demam berdarah.

Hasilna memang nyugemakeun keur widang kasehatan mah. Ku kituna, ceuk Sariah, luluhur Sunda geus mikawanoh kana ubar-ubaran nu dihasilkeun ku alam. Ngan arang langka dijelaskeun sacara ilmiah. Cukup ku nyaritakeun hasiat sacara umum. Tapi kaharti oge lantaran mangsa harita tacan aya laboratorium keung nalungtikna. Jadi teu munasabah mere “pr” ka generasi kiwari sangkan ngayakeun panalungtikan nu leuwih gemet patuturna.

“Hasiat sejena tina pandan wangi, salian ti keur nyengitkeun kadaharan. Ku para ahli herbal jeung farmakologi (ubar-ubaran) dijadikeun bahan dasar keur kasakit lemah saraf (neurasthenia), kurang nafsu dahar, rematik, pegel linu, nyeri dibarung marojengja, buuk rontok, keur ngecet buuk jeung ngaleungitkeun kotombe. Bisa disebutkeun pandan multihasiat,” pokna.

Teu salah, ceuk Sariah, mun masarakat ngamumule kadaharan has daerah nu mibanda gede ajena. Kiwari rea kadaharan nu pikabongroyeun lantaran dianggap leuwih moderen jeung gengsi. Tapi geuning teu saeutik kadaharan nu bisa ngabahayakeun kasehatan. Remen dicaritakeun dina media masa, alatan hayang payu barang-barangna bari jeung teu mikirkeun jang kasehatanana.

Diantarana bae aya kadaharan nu make formalin, pemutih jeung zat sejena nu matak pibahayaeun. “Ku kituna, sim kuring miharep sangkan masarakat di Kuningan leuwih ati-ati kana kadaharan mangsa bulan puasa. Sabab mun tambarakan kasakit gancang nerap. Keur mah daya tahan awakna rada ngurangan mun teu dijaga lain bisa ngajalankeun ibadah tapi sabalikna,” pokna.

Sambungna, “Sangkan hirup leuwih sehat, nu dipiharep mah ngareakeun kadaharan nu holna ti alam. Kawas sasayuran jeung bungbuahan. Salian ti eta, mun bisa mulang deui kana kadaharan tradisi kolot baheula sabab dianggap masih keneh steril. Teu kaancikan ku zat-zat kimia.”***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: