Nyi Ratna Herang
DI Desa Ciherang, Kacamatan Kadugede, taya parawan nu boga buuk panjang. Kunaon bet kitu? Kulantaran aya pakuat-pakaitna jeung tradisi pamali nu masih ngadarah-daging di masyarakatna. Kecap pamali atawa pantrang, mangrupakeun hiji siloka anu dipake ku kolot baheula pikeun nyaram ka anak atawa masarakat di eta tempat. Sangkan teu nuluykeun niat nu teu sapagodos jeung kahayangna.
Pantrangan nu dilisankeun sacara turun tumurun teh nyaeta paraparawan atawa wanoja di lelewek eta teu meunang manjangkeun buukna. Pantrangan eta lain taya alesanana. Lantaran kokolot di eta lembur, kaancikan keneh rasa kasieun nu asalna ti jaman baheulana keneh. Nu nepi ka kiwari masih percaya. Yen lamun ngalanggar pantrangan eta sok aya mamala keur dirina atawa kulawargana.
Carita lawas anu sakapeung kasabit dina wangkongan kolot baheula, sok nyebutkeun hiji ronggeng kamashur sa Kabupaten Kuningan nu ngarana Nyi Ratna Herang. Ngaluarkeun kedal ucap nyupata, mangsa dirina rek ngaleupaskeun nyawa alatan aya nu nelasan. “Di ieu lembur moal aya parawan buukna panjang, nu umurna meuntas 19 taun,” kitu pok-pokanana.
Kusabab sieun ngabalukarkeun mamala. Kolot di eta desa ngawawadian ka anak incuna hususna awewe parawan keneh sangkan ulah miara buuk panjang. Basana, bising keuna ku supata Nyi Ratna Herang. Lamun geus laki rabi mah, cenah, teu jadi pasualan rek buukna panjang oge. Kusabab kitu, di Desa Ciherang nepi ka kiwari taya parawan nu miara buuk panjang.
Teuing saukur kabeneran atawa memang pantrangan eta metu. Unggal parawan di eta desa manjangkeun buukna sok tilar dunya. Kajadian eta geus tumiba ka 9 urang parawan nu buukna panjang, maot samemeh nincak umur 19 taun. Tina pangalaman samodel kitu, sawatara masarakat Desa Ciherang sapamadegan lamun anakna parawan maksa hayang miara buuk panjang.
Lamun hayang buukna panjang, si parawan kudu ngalaksanakeun hiji saratna nyaeta pindah heula ti Desa Ciherang. Cindekna mah dungsikeun. Nya lamun geus rarabi mah teu jadi pasualan balik deui ka lemburna. Salian ti kitu, sok ngayakeun ruwatan kicara neukteuk buuk parawan nu panjang buukna. Minangka miceun sial tina kapercayaan nu kiwari napel keneh.
Saha Nyi Ratna Herang teh? Keur urang Kuningan nu sok pirajeunan lalajo ronggeng dina mangsa taun 1920-an, moal bireuk deui ka eta ngaran. Sabab Nyi Ratna Herang, kasebut ronggeng kawentar mangsa harita. Lain pedah ukur sorana nu halimpu atawa rengkenekna nu matak ngoyagkeun jajantung. Pon kitu deui kageulisanana lain pupulasan.
Teu matak heran, inyana rea nu ngangkir meh ku saban nu rek ngayakeun kariaan. Lamun Nyi Ratna Herang pareng manggung, geus tangtu nu lalajo teh nakleuk ti suklakna-tisiklukna. Atuh nu resep nayub (ngibing), rea nu hayang paheula-heula ngarengkenek jeung nyi ronggeng nu harita umurna Nyi Ratna Herang kakara nincak 19 taun.
Aya diantarana nu tuluy kagembang ku nyi mojang. Make jeung jorojoy hayang ngalamar pikeun dipihukum minangka pamajikan. Hanjakal, sakur nu ngalamar Nyi Ratna Herang sok ditampik sapajodogan. Pangna ditampik, cenah, aya pantrangan ti guruna, yen dirina teu meunang waka kawin lamun cita-citana tacan tinekanan. Teu eces, naon nu jadi udagan Nyi Ratna Herang harita.
Satukangeun ti eta mah, cenah, singhoreng Nyi Ratna Herang bisa diajak milampah teu uni ku lalaki nu resep ngumbar birahi mangsa harita. Teuing geus sabaraha urang lalaki nu kabandang ku Nyi Ratna Herang. Ngan nu eces, saban Nyi Ratna Herang midang di panggung, sok ngabalukarkeun bancang pakewuh, alatan marebutkeun nyi mojang mencrang.
Kocap hiji mangsa mah aya dua jawara nu tarung marebutkeun Nyi Ratna Herang. Cenah, lamun salah saurang nu meunang dina eta tarung boga hak pikeun ngawin Nyi Ratna Herang. Eta dua jawara teh kawilang tanggoh, buktina itu ieu oge taya nu ngarandapan bobor karahayuan. Ngan Nyi Ratna Herang jadi korban, alatan katebas ku pakarang bogana salah saurang jawara nu nyasar keuna kana awak Nyi Ronggeng basa eta dua jawara patutunggalan ngadu jajaten.
Harita Nyi Ratna Herang ngarumpuyuk, antukna nemahan pati. Urang Kuningan teu wudu ibur, basa ngareungeu beja ronggeng beken tiwas teh. Nu matak ibur deui, sabab layon Nyi Ratna Herang kapanggih geus ngababatang di walungan Cigede, pancegna di blok pamujaan. Satuluyna layon Nyi Ratna Herang harita keneh dikubur teu jauh ti tempat basa kapanggihna layon Nyi Ratna Herang.***