Ritual Kawin Cai

27 Agu

Ritual Kawin Cai

PANON poe meumeujeuhna manceran. Heabna halodo mani nggaletrak, tapi keur masarakat Desa Babakanmulya, Kacamatan Jalaksana kaayaan samodel kitu teu matak ngateugkeun hajat desa nu geus geus diajam samemehna, nya eta ngalaksanakeun ritual kawin cai. Bisa disebutkeun hajat kawin cai teh pagawean desa nu sifatna taunan tur maneuh dilaksanakeun unggal bulan oktober.

Patempatan nu diajamkeun keur kawin cai mah, kaayaanana matak pikabetaheun, teu karasa pangbeletrakna mangsa halodo. Di sakurilingbungkingna ngahunyur pasir nu leubeut ku kakayon jeung tatangkalan ngajalagir sagede-gede beuteung munding. Cai nyusu ngaburial tina sela-sela gawir jeung batu nu pateteep. Caina herang ngagenyas, ngamalir ka balong karamat atawa biasa disebut balong dalem.

Ti balong dalem, cai tuluy dikamalirkeun ka solokan leutik nu engkena keur nyaian sawah. Kajeun kasebut caina leutik, teu ngagulidag tapi mayeng. Samalah tacan kungsi kacaritakeun caina saat atawa ngorotan bari jeung teu keuna ku mangsa. Mangsa ngijih, caina sakitu pon kitu deui halodo entak-entakan. Nu matak patani di Kacamatan Jalaksana, hususna di Desa Babakanmulya, Padamenak sawahna tara ngarandapan tigerat ku cai.

Ritual kawin cai aya pakuat-pakitna jeung mangsa, hususna mangsa halodo entak-entakan atawa mangsa kapapat. Dina mangsa kitu, masarakat teh keur meumeujeuhna tigerat cai. Boh cai keur minuhan kaperluan sapopoena atawa keur nyaian sawah. Tah, ngayakeun ritual kawin cai teh mibanda tujuanana sangkan malakmandar atawa susuganan cai keur masarakat Desa Babakanmulya mah ulah ngalaman tigerat.

Panceg tabuh 14.00 WIB, acara dipitembeyan. Dina saung tempat nyimpen kendi nu baris dieusian ku bibit cai nu asalna ti sumur tujuh Cikambulan (Cibulan) Desa Maniskidul Kacamatan jalaksana, katut kendi nu geus dieusian ku cai anu asalna ti Balong Dalem geus ngajagrag. Kuwu Balong Dalem (Kokon Suteja) atawa kuncen nu ditugaskeun ku pihak Karaton Kasepuhan Cirebon pikeun ngurus sapopoena, geus diuk dina korsi di jeuro saung.

Kulantaran nyangking kawajiban maneuh nu lumangsung sacara turun tumurun, nya kabeneran dirina nu mingpin ritual kawin cai di Desa Babakanmulya, lain ti aparat desa. Eta hal dumasar tradisi sareng tanggung jawab salaku Kuwu balong dalem atawa pupuhu adat.

Para panari rumaja putri, pon kitu deui panari umbul-umbul, tumbak jeung gada geus tatan-tatan. Kuwu Desa Babakanmulya, Camat Jalaksana, Kepala Dinas Pariwisata dan Kebudayaan, geus sila andekak dina karpet. Pon kitu deui masarakat aya nu diuk gigireun balong, narangtung jeung aya nu naek kana tatangkalan leutik nganti dipitembeyan ritual kawincai.

Teu kungsi lila, jentreng kawat kacawi disintrek ramo, sorana harus tapi lemes kareungeuna, dituturkeun pupuh “… amit rek medar talari, sarsilahna kawin cai, nya pondok meunang miloko, panjang meunang ngungung-ngungung, satutasna nulis sandi daun gebang sewu lontar, diteundeun sisi jalan, dina iuh-iuh tanjung, bacaeun nu ngaliwat.

Geus kitu, salah saurang patugas (baca lengser) ngadep ka Kuwu Balong tuluy nyarita, “Gusti kangjeng dalem, kula seja miang ka Cikambulan pikeun nedunan pamenta pangersa pikeun nyuhunkeun bibit cai. Kula saparakanca seja neda widi,” Ceuk lengser dina sikep nu rengkuh ka Kuwu Balong Beres nyarita tur disaluyuan. Lengser nu geus meunang widi, ngingkig muru Cikambulan dibaturan ku rumaja putri bari mawa kendi katut pakancar nyolendangkeun lodong awi dina tak-taktak.

Kulantaran jarak Balong Dalem jeung Cikambulan rada anggang kira-kira 2 KM, patugas jeung baladna ngagunakeun kandaraan mobil. Kulantaran, sigana tacan aya kasiapan ti panitia pikeun ngayakeun helaran. Diantarana ngagunakeun andong meunang ngaropea atawa cara nu leuwih ngabuhun.

Anjog ka Cikambulan, para patugas ti Balong Dalem ditarima ku Kuwu Cikambulan Suhada (65) nu ngokolakeun Cikambulan katut sumur tunjuh. Barang srog oge, Kuwu Cikambulan jeung saparakanacana geus nerapkeun tata cara ampir sarua siga jaman karaajan baheula. Satutasna cacarita, Suhada ngagorolang ngadua dihaminan ku nu araya di dinya.

Agungna ka gusti nu maha suci, anu nyiptakeun ieu alam katut pangeusina, hakekatna ka para karuhun nu ngadamel ieu sumur, simkuring kawakilan ku masarakat Balongdalem, manuhun cai kanggo didamel bibit pikeun dimangpaatkeun ku sadaya masarakat balong dalem.

Rengse ngadua Kuwu Cikambulan nyiuk cai ti tujuh sumur ngagunakeun kendi. Diantarana bae sumur Cimulud katelahna sumur kajayaan, sumur Cigandasoli pikeun kawibawaan, sumur Cigambuh keur kapangkatan, sumur Cipasar keur kasalametan, sumur ciwelut pikeun kamulyaan, sumur Cibarerang lamun hayang katangen geulis atawa kasep. Sedengkeun sumur Cigoong dipercaya keur kaagungan.

Cai geus diwadahan kana kendi jeung lodong, tuluy bae dipasrahkeun ka patugas ti Balong Dalem. Geus kitu mah, bral deui marulang ka Balong dalem. Utusan ti Balong dalem, teu kungsi lila geus nepi deui ka tempat diayakeunana ritual kawin cai. Lekasan basa-basi, cai bibit ti Cikambulan teh ditarima ku Kuwu Balong dalem bari jeung didu’aan heula.

Du’ana teh “Agungna ku gusti nu nu maha suci, nu nyiptakeun ieu alam katut pangeusina, ka para karuhun anu nyieun ieu sajarah, simkuring ngawakilan rahayat Balong Dalem rek ngahijikeun bibit cai ti dua tempat, ngala mangfaat jeung barokahna pikeun karaharjaan rahayat babakanmulya sakabeh.

Beres ngadu’a Kuwu balong dalem nyicikeun cai tina kendi meunang mawa ti Cikambulan jeung Tirtayatra kana kendi indung. Geus ngahijikeun cai eta, disiuk deui sawareh diasupkeun kana kendi tuluy dibahekeun ka sungapan cai tirtayatra. Ngan nu mahekeun cai nu geus pacampur ti dua sungapan teh ku Camat Jalaksana (mangsa di tulis Camatna Drs. Hermansyah) salaku pupuhu nagara di eta lelewek.

Cai nu aya dina kendi indung, diasupan kembang tujuh rupa jeung caina ditambahan deui sangkan rada loba. Cai sesa eta diajangkeun ngamandian Raksabumi atawa aparat desa lamun kiwari mah Kapala urusan Ekonomi dan Pembangunan (Kaur Ekbang) Desa babakamumulya,

Cai nu dibahekeun ka sungapanana tirtayatra jeung dimandikeun ka Raksabumi, ngandung siloka. Nu dibahekeun ka sungapan tirtayatra, disilokakeun malakmandar masarakat di eta lelewek teu ngalaman tigerat. Cai ti sungapan tirtayatra teu ngorotan atawa saat. Sengkeun sawareh deui dimandikeun ka Raksabumi, eta teh hiji ciren yen tugas utamana Raksabumi teh ngaheuyeuk dayeuh molah nagara.***

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: