ANGIN sore keur meumeujeuhna reureuh. Monyet, pating gulawing na tangkal awi pipireun imah. Kabeneran imah kuring teh sisi leuwi nu gurawes katut dilingkung pasir. Tangkal awi paselang jeung jeungjing, nangka, cangkudu. Komo tangkal cau mau mah ngabadeg. Kusabab rea keneh tatangkalan, sigana monyet ge bataheun cicing di eta patempatan.

Keur mah arang langka nu ngaganggu, katurug-turug kakayon rembet. Atuh sakadang monyet teh tumaninah pisan. Tapi tacan kungsi datang ka imah atawa pakarangan. Komo nepi malingan cau atawa ngarontokan barudak nu arulin. Ari tas cape gawe atawa hate keur sumpeg sok ngahajakeun cicing diburuan bari nyerangkeun monyet. Geus kitu mah hate teu angkurawut teuing.

Padahal imah kuring teh lain di lembur singkur. Bisa disebutkeun di puser kota Kuningan. Da enya atuh, disebutna kota teh bener, ka alun-alun oge anggangna teu leuwih ti lima ratus meterna. Tapi keun bae ulah teuing dipasualkeun. Samalah alus keur ngajaga lingkungan sangkan tetep bersih, teu keuna polusi. Pikeun kuring jeung kulawarga mah reana monyet teh matak resep.

Harita teh pasosore, kira-kira jam opatan, keur guntreng jeung pamajikan katut barudak di buruan imah. Sempal guyon, sagala dicaritakeun nu matak pikaseurieun. Teu rea pipikiran, kajeun teu boga duit ge nu penting sehat. Karasana teh senang bae, poe eta mah. Kaparengkeun deui kulawarga teh karumpul kabeh, ti mimiti si cikal jeung salakina ditambah adi-adianana.

Samalah incu nu karek hiji-hijina oge milu nimbrung, ku polahna nu lucu. Dina pipikiran teu kasawang baris ngalaman pikareuwaseun. Asana teh teu ngimpi-ngimpi acan. Keur ngeunah-ngeunah cacalakatakan. Rongheap teh aya nu datang, salah saurang awewe rumaja. Mun ditaksir umurna teu jauh ti dua puluh taunan. Basa norojol bari ngagandong tas, tuluy nanyakeun bener atawa henteuna imah kuring.

Dina pipikiran teh, sigana babaturan si teteh (si cikal). Da ditelek-telek oge, teu apal kana keureutan beungutna. Atuh jalma anyar panggih, katurug-turug budakna katangen asa-asa tur teu apaleun diri kuring. “Sigana, budak teh disuruh ku kolotna sangkan nepungan kuring. Meureun aya perelu nu rek dibejakeun tapi sigana keur rariweuh teu bisa nepungan,” ceuk pikir.

Budak awewe anyar datang teh dihiap-hiap sina ka jeuro imah. Pamajikan jeung barudak milu ngariung di patengahan. Beungeut budak, nu tacan apal saha ngarana dipalencrong ku kabehan. Manehna katangen asa-asa, teu bae pok nyarita. Sakalah kulit beungeutna semu beureum jeung panonna rada barareueus. Kuring tacan wani tatanya, samemeh manehna ngarasa tenang.

Kuring saanakbojo pating haruleng ningali budak kawas kitu. Ujug-ujug hate ngageter, basa ningali cahaya panona. Getih asa nyiak kana sirah. Patalekan-patalekan gumulung jeuro sirah. Aya kana sapuluh menitan pating haruleng teh. Asa kurang hade, mun pribumi teu ngaraeh. Komo deui kuring teh geus kolot, geus boga incu. Moal enya teu boga kasopanan kajeun semahna budak ngora.

Bari neger-neger maneh, kuring nanya ngarana saha, ti mana asal jeung kaperluanana naon? Ditanya kitu budak teh malik nanya, naha bener kuring teh ngarana Yana? Dijawab ku kuring bener. Si budak teh, teu tuluy nyarita ngadon ngalemberehkeun cai panon. Kareungeu irungna ingsrek-ingsrekan. Hate beuki tagiwur, kuring ngareret ka pamajikan. Katingalina keur bengong.

Pon kitu deui barudak kuring sarua barengong. Teu kungsi lila budak awewe teh nyarita. Yen dirina boga ngaran Eneng, asalna ti Cirebon. Karek nepi ka dinya si Eneng nyarita, hate ngadadak ngagebeg. Tuluy ngalieuk ka pamajikan, pamajikan sakalah ngabalieur. Teg bae, boa-boa aya pakuat-pakaitna jeung mangsa baheula, dua puluh taun nu kalarung?

***

Dina kongkolak panon ujug-ujug narembongan mangsa keur ngora. Mangsa buta tulang, buta daging. Mangsa tacan boga pipikiran rangkepan. Masih keneh boga implengan nu muluk-muluk. Atuh nyaba ti lembur teh keur umur welasan. Mimiluan dagang jeung padabatur ka kota-kota sejen. Kuring mah lain pituin urang Kuningan, tapi ti kota C. Bisa disebutkeun ka Kuningan teh ngadon bubuara.

Kulantaran kawin ka urang Kuningan, jadi bae urang dieu. Teu ngarasa cicing di lembur batur. Keur boga pacabakan kana dagang, remen ka luar daerah. Pamajikan sok ditinggal-tinggalkeun, kalan-kalan sabulan nepi ka tilu bulana. Tapi ari ngabayuan mah teu poho, sok dititipkeun ka babaturan nu mulang. Kusabab jadi tukang dagang teh teu salilana manggih untung.

Kalan-kalan poe ieu meunang duit, isukan moos. Dagangan ngaleuya tapi teu payu. Dina payuna ngan bisa keur dahar sapoeeun. Kitu jeung kitu bae, lila-lila mah asa poekeun kana usaha teh. Hiji waktu ngalamun dina beus tas ti Kota C. Ceuk lamunan harita, sigana genah mun bisa ngawin ka pagawe nagri. Meunang duit teh geus puguh, atuh pangabutuh sapopoe mah teu kudu hese-hese teuing.

Ngalamun teh asa teleb pisan, nepi ka teu karasa geus jauh ninggalkeun lembur. Ti saprak naek, korsi nu ditempatan ku kuring teu daek aya nu ngeusian. Atuh ngalamun teh taya nu ngaganggu. Di satengahing perjalanan, teuing tempatna mah teu inget. Ujug-ujug beus eureun, salah saurang mojang naek. Kulantaran kari korsi kuring nu kosong nya manehna diuk gigireun.

Mimitina mah teu barang open, diantep bae. Da keur ngeunah ngalamun tea. Lila-lila mah hayang ngawangkong jeung nyi mojang. Rada rumegag tapi dipaksakeun nyarita. Kajeun teu ngaguluyur teuing tapi nyi mojang teh ngajawab unggal di tanya. Antukna nyarita teh rada behbar, bisa diajak banyol. Ari dipake ngawangkong mah teu pati teuing karasa, geus nepi ka terminal Cirebon.

Nyi mojang samemeh pisah di terminal mere alamat ka kuring. Geus kitu mah pisah, kuring ka Kuningan, inyana ka imahna di Cirebon. Basa dikiceupan ku panon sabeulah, dibales ku inyana ku imut kareueut. Ti harita kapanggih deui dua minggu bari jeung teu dihaja. Kuring rek ka Tegal, manehna cenah mah rek pakansi. Lantaran pere, teu ngajar di tempat mancen jadi guru MAN.

Ti saprak kapanggih deui, kuring remen ka imahna. Remen ngajak ulin, samalah kungsi di bawa ka Kota C. Sosobatan teh beuki dalit bae, antukna nyi mojang teh ngajak kawin. Basa diajak kawin, kuring rada rumegag. Kumaha rek gancang-gancang nyaluyuan, lantaran dikumaha-kumaha oge geus boga budak hiji. Ari teu ngahayukeun kana pangajakna bisi kumaha onam.

Keur liwung kitu, aya nu ngahatean. Cenah kawin bae da moal nyangsarakeun ieuh. Manehna geus jadi guru. Manasina urang, gawe ngan ukur gogorowokan di pasar. Caritaan eta haben digulang gaper unggal peuting. Pamustunganana nyaluyuan pangajakna nyi mojang. Pruk bae kawin. Basa rek dirapalan, eta mah teu puguh rasa. Hate ketar-ketir bisi aya nu datang.

Bakating ku tagiwur-tagiwurna, ngucapkeun ijab kabul nikah sababaraha balikan da salah bae. Ahirna lulus banglus, jadi bae nyi mojang teh pamajikan kadua. Keun bae harita mah da taya nu nyahoeun ieuh. Tilu bulan hirup teh asa senang bae. Bisa ngawin neng guru, nu pinuh madu jeung peueutna. Kuring balik deui dagang di Tegal, tapi teu poho samemehna mulang heula ka Kuningan.

***

Genep bulan boga pamajikan kadua, aya dina apanjang-apunjung. Nincak katujuhbulan, mimiti harengheng. Pangpangna nu kolot, kawas teu genah rasa. Nepi kaluas datang ka tempat dagang. Ngan untungna teu kapanggih, aya nu ngabejakeun keur ngadon barang. Kitu deui nu ngora, hayeuh bae datang. Padahal keur gede beuteung. Kulantaran nu kolot teh unggal nyamper tara kapanggih bae.

Antukna, meuting di Tegal. Kebenaran, isukna nu ngora datang. Atuh kajadian nu teu dipiharep kaalaman. Der teh nu kolot jeung nu ngora pasea rongkah. Ceuk nu kolot menta diserahkeun. Sedengkeun nu ngora ngancam pilih manehna atawa kajeun pipirakan deui. Karasa dunya teh asa rek kiamat. Datang kaditu dipentog, kadieu direntug. Lain sakalah senang, ieu mah matak rudet kana hate jeung pipikiran.

Tungtungna mah milih nu kolot. Si neng guru mah, dipasrahkeun bae ka kolotna tapi talak mah nungguan heula si jabang bayi medal heula. Lekasan ngalahirkeun jeung neukteuk buuk budak (ekahan) satutasna tilu bulan. Kuring jeung neng guru pleng kurang les teh bener-bener. Tapi sok kapikiran, kumaha budak awewe nu ditinggalkeun ti umur tilu bulan?

Rasa nyaah jeung rasa dosa, pagalo jadi hiji. Unggal suku ngalengkah pipikiran cus-cos ka budak. Tapi teu bisa majar kumaha. Rek nyamper, pamajikan bisi kumaha onam, pon kitu deui popotongan. Antukna dibangbalerkeun kana pagawean. Rarasaan nu campur aduk teh lila-lila mah leler. Komo kabejakeun yen neng guru geus rimbitan deui. Rada ngemplong hate teh.

Nyiar rejeki teh teu pati rea pikiran. Keur mah rada hese jeung loba tukang dagang nalambru ledis ka modal-modalna, kaasup kuring. Atuh jadi teu boga pacakaban, antukna mah lugah-ligeh teu boga gawe, sedengkeun anak ti nu kolot geus dua. Alatan gawe sakasampeurna, kasono ka anak rada kaboler. Nu aya teh kumaha carana sangkan meunang rejeki keur nyubadanan pangabutuh sapopoe.

Bakating ku lila ampir dua puluh hiji taun, kuring rada kapohokeun ka anak ti neng guru. Keur mah budak ti nu kolot beuki rimbil jeung meumeujeuhna beayaeun sakolana. Poho teh lain bobohongan. Sabulan samemeh manehna datang, kungsi dicaritakeun ka babaturan ku rasa dosa ka budak nu ditambelarkeun. Sabulan ti harita, ujug-ujug budak ngurunyung ka imah.

“Bapa, eneng teh tos lami hoyong kapendak, hoyong terang dirupa bapa. Ku mamah tara dipasihan terang. Ayeuna eneng tos kuliah, semester tilu. Jadi eneng teh maksa ka mamah sabab geus gede. Sawajarna mun apal di rupa bapa. Antukna mamah teh leah daek ngabejakeun. Tapi alamatna teu kumplit ngan lebah-lebahna bae,” pokna bari sumegruk. Nyuuh dina lamunan kuring.***