You are currently browsing the daily archive for Mei 26th, 2008.
Muskit PKB – Calon bupati jeung wakil bupati nu miluan muskit PKB, panghareupna Dudung Mundjadi, SH. Ditema ku H. Edi Nurinda, HR. Machmud Silahudin jeung H. Zaenul Mustafa Affandi.***
————-
HASIL rapat kerja cabang husus (rakercabsus) dewan pimpinan cabang (DPC), pangurus anak cabang (PAC) jeung ranting PDIP sa Kab. Kuningan nu dilaksanakeundi GOR Ewangga, ngajinekun. Calon bupati jeung wakil bupati nu daptar, sangkan diasongkeun ka DPD jeung DPP PDIP pikeun dipilih salah saurang. Nu didaptarkeun diantarana H. Aang Hamid Suganda, Acep Purnama, SH., H. Kuswandy Ahmad Marfu, Sadil Damini jeung Hj. Atin Suhartini.
“PAC sa Kabupaten Kuningan geus sapuk yen sakur nu daptar calon bupati jeung wakil bupati ka PDIP bakal diasongkeun ka DPD jeung DPP PDIP. Tina lima calon baris dipilih salah saurang atawa dua urang nu baris dijagokeun dina pilkada engke Oktober. Ayeuna tacan bisa ngajinekun saha-sahana,” ceuk Rana Suparman, sekretaris panitia rakercabsus.
Sambungna, “Nya kiwari mah kari ngantian rekomendasi ti DPP, naha sapasang calon (bupati jeung wakil bupati-red) atawa ngan calon bupati atawa wakilna bae. Sedengkeun rekomendasina dina elatna ahir Juni atawa leuirna awal Juli. Lantaran pendaptaran calon ka KPUD Agustus, jadi aya dangka kurang leuwih sabulan keur nangtukeun lengkah ka hareupna.”
Rana, mere rarancang. Mun DPP ngarekomendasikeun calon sapasang, hartina teu perelu deui koalisi jeung partey sejen. Tapi mun sabalikna, nu diluyuanana ngan bupati atawa wakilna bae. Nya kapaksa kudu koalisi. Saumpamana bupatina bae, nya kari nyiar wakil bupati ti partey sejen. Pon kitu deui nu diajamkeunana wakil. Eta tilu pola bisa kapigawe dina sabulan.
Batal Nyalon Wabup
Salian ti DPC PDIP ngayakeun rakercabsus, DPC PKB Kabupaten Kuningan oge ngalaksanakeun musyawarah kebangkitan (muskit) di gedong Sanggariang. Nu miluan nyalon bupati jeung wakil bupati diantarana H. Zaenul Mustafa, Affandi, H. Aan Suharso, H. Momon Rochmana, HR. Machmud Silahudin, H.MA. Syarifuddin, H. Edi Nurinda jeung Dudung Mundjadji, SH.
“Nu ngiringan muskit teh calon bupati jeung wakil bupati. Tina jumlah sakitu, nu baris diasongkeun ka DPW jeung DPP PKB ngan dua pasang. Nyaeta calon bupati dua urang jeung wakil bupati dua urang. Eta dua pasang calon nu bakal direkomendasi mah ngan ukur sapasang atawa saurang calon. Sacara otomatis, sesana gugur sabab teu meunang dukungan ti pangurus ranting,” ceuk Wawan Supratman ketua Muskit PKB.
Tina lima calon wakil bupati, ceuk Wawan, H. Momon Rochmana nu kiwari jeneng sekda langsung gugur. Lantaran teu miluan muskit disababkeun gering. Alesan nu diasongkeun ka panitia didukung ku bukti-bukti, kawas surat ngundurkeun diri jeung katerangan dokter. Nu ngeceskeun yen inyana memang gering. Pikeun PKB mah teu jadi pasualan dan geus lumrah.
Tina muskit, diprediksikeun nu baris diasongkeun ka DPW jeung DPP, calon bupati geus otomatis diwakilan ku H. Zaenul Mustafa Affandi jeung H. Aan Suharso. Sedengkeun calon wakil bupatina nyaeta HR. Mahmud Silahudin oge ketua NU Kabupaten Kuningan jeung Dudung Mundjadji, SH., wakil ketua DPC PKB oge anggota DPRD Kab. Kuningan.***


Komentar Terakhir