KANTOR DPC PDIP Kab. Kuningan, di jalan raya Siliwangi perenahna di Blok Cilame Kel. Cirendang Kec. Kuningan saptu katompernakeun karasa haneuteun. Sora genjring jeung salawatan handaruan minuhan palataran kantor, matak muringkakeun bulu punduk. Jalma nu pabaliut, teu rea nu cacarita komo sempal kapiguyon tapi karasana husu ku rasa sewang-sewangan.

Eta poe, geus diajamkeun lantaran Acep Purnama, SH., ketua DPC-na bakal masrahkeun pormulir pendaptaran calon bupati/wakil bupati Kuningan. Panceg jam 10.30 wib, rombongan Acep, diiringkeun pangurus DPC jeung anak cabang (PAC) PDIP sa Kab. Kuningan ngaburudul. Sora genjring jeung salawatan beuki eundeur, ngendagkeun jajantung nu haladir.

Teu kungsi lila, Acep ka luar tina mobil tuluy bae digegenjang ku nu nganteur ka rohangan pendaptaran. Di eta rohangan, geus nyampak panitia nu dipupuhuan ku Bambang Suela jeung Abidin, SE. Anjog ka rohangan, inyana tuluy nyerahkeun berkas formulir nu dilampiran ku sarat-sarat sejena tur ditarima ku Bambang Suela. Beres narima, Bambang mere waktu ka Abidin.

Abidin, sigap pisan. Tuluy mere patalekan ka Acep. Diantarana naha siap jeung henteuna meunangkeun pilbub Kab. Kuningan? Meunangkan pemilu legislatif 2009? Siap narima atawa henteu mun pihak dewan pangurus pusat (DPP) teu ngarekomendasikeun Acep Purnama jadi bupati atawa wakil bupati ti partey PDIP? Jeung naon tujuanana nyalon bupati atawa wakil bupati?

Acep ngajawab daria ku kecap-kecap singget. Inyana siap mang meunangkeun pilbub, pemilu legislatif jeung narima sakur kaputusan DPP. Sedengkeun tujuanana nyalon, hayang ngahangkeutkeun pangwangunan di Kab. Kuningan sangkan rahayatna leuwih raharja ti samemehna. Reres ngajawab ditema kukeprok nu hadir di eta rohangan. Sakedapan suasana rohangan jempling kawas gaang katincak.

Aya sora ingsrek meupeuskeun simpe. Sakur nu hadir, boh awewe atawa lalaki sarua panona ngembeng caimata. “Kuring ngarasa kagagas ku pa Acep. Anjeuna mangrupakeun panutan anggota partey. Ngurus ti mimiti partey leutik nepi ka gede kawas kiwari ku cara-cara kakulawargaan jeung ngahormatan beda pamikiran. Anjeuna demokratis tulen,” ceuk saurang awewe nu ngahnteur bari nginghak.

Sudiana, ngahaminan “Kuring milu reueus jeung ngadeudeul pa Acep sangkan maju jadi bupati atawa wakil bupati ti PDIP Kab. Kuningan. Lantaran anjeuna boga jasa gede keur partey. Memang geus wayah, Kab. Kuningan dipingpin ku generasi ngora, nu leuwih hengker keur nyanghareupan pasualan-pasualan masarakat ka hareupna,” pokna bari ngusap cai mata.

Acep Purnama, nembrakeun pamikiranana, “Pilbub mangrupakeun pesta demokrasi nu dipikahayang ku masarakat keur nangtukeun pamingpina. Ku kituna, simkuring boga karep nu dideudeul ku partey sangkan aya calon bupati atawa wakil bupati nu asalna ti struktural partey. Moal enya, partey nu panggedena di Kab. Kuningan teu boga kader calon pamingpin?” tandesna.***