You are currently browsing the daily archive for April 5th, 2008.

Pemilihan bupati (Pilbub) di Kab. Kuningan geus dijinekeun ku komisi pemilihan umum daerah (KPUD) ping 12 Oktober 2008. Salian geus jinek, pihak KPUD oge netepkeun waktu pendaptaran calon bupati jeung wakil bupati Kuningan antara 28-30 Juli 2008. Eta katangtuan, mere lolongkrang ka partey pulitik nu meunang elektoral treshold (ET) keur nyalonkeun jagona sewang-sewangan.

“Dijinekeunana waktu pilbup Kab. Kuningan, ping 12 Oktober dumasar rapat pleno anggota KPUD. Tujuanana sangkan aya lolongkrang nu rada leuir keur sasadiaan sakur kaperluanana. Boh dangka keur sosialisasi ke partey pulitik jeung masarakat. Sangkan dina emprona teu nungtek teuing,” ceuk Drs. Dedi Mutiadi, M.Pd. Ketua KPUD Kab. Kuningan.

Patokan Pilbub nu jadi cecekelan, sambungna, masih keneh ngagunakeun UU nomer 32/2004 ngeunaan pemerintahan daerah, nu diadumaniskeun jeung UU nomer 22/2007. Tacan bisa ngagunakeun UU anyar, siga ayana calon independen nu geus disahkeun ku DPR. Mun geus dijinekeun jeung aya aturan di handapna, dina aya parobahanana oge kari ngalaksanakeun bae.

Tapi nu dipake jejer kiwari masih keneh make eta undang-undang. Salian ti eta, KPUD dina emprona boga lolongkrang nu cukup keur migawe sakur pangabutuh pilbub. Boh verifikasi daptar pemilih, nangtukeun patugas di tingkat kacamatan nepi ka desa jeung nyadiakeun sarana prasarana-na. Komo deui, anggaran pilbub heureut pisan kurang leuwih 6 milyar. Nu matak kudu diajamkeun ti anggalna sangkan teu kaboler.

Imammudin, anggota KPUD Kab. Kuningan nambahkeun. “Dijinekeun waktu pilbub mangrupakeun wacana nu disodorkeun ka masarakat. Naha aya kamandang sejen atawa tuluy bae nyatujuan. Sabab ping sakitu, satutasna idul fitri, masarakat Kuningan keur karumpul di imahna sewang-sewangan. Eta waktu dianggap hade keur ngalaksanakeun pilbub,” pokna.

Eta katangtuan, ceuk Imam, mangrupakeun salah sahiji tahapan pilbub. Sedengkeun sakur tahapan, dibere lolongkrang genep keur ngalaksanakeunana. Lolongkrang eta sawadina digunakeun sahade-hadena ku KPUD sangkan hasilna teu nguciwakeun. Lantaran dina pilbub, hubungan emosional antara calon jeung pemilih teu ganjor kawas pemilihan gubernur (pilgub) atawa pilpres.

Komo deui, aya harepan keur calon bupati jeung wakil bupati ti independen, hasil revisi terbatas UU nomer 32/2004. Mun diprediksi, bisa dilaksanakeun dina pilbub di Kab. Kuningan. Katangtuanana oge geus jelas, calon bupati ti independen sawadina nyukupan sarat. Diantarana boga dukungan tilu persen tina jumlah penduduk Kab. Kuningan.

Imam mere conto, saumpamana jumlah pendudukna aya kana sajuta, jumlah dukunganana nu dibuktikeun ku potokopi KTP kudu aya tilu puluh rebuna. Mun calon independen aya tilu pasang calon, KPUD kudu merifikasi KTP 90 rebu siki. Tina jumlah sakitu nu dipake sampel verfikasi 30 rebu, hartina saurang calon ngan 10 rebu nu dicocokeun.

“Mun tina jumlah 10 rebu fotokopi KTP aya nu sarua jeung calon sejena. Pihak KPUD boga hak keur ngagugurkeun calon independen. Keur merifikasi KTP nu sakitu lobana merelukeun waktu lila. Lantaran KPUD tacan boga alatna. Boh komputer atawa alat manual sejena,” tandesna.***

I.K.L.A.N

Citizen Journalism

Warta Desa DIHADIRKAN SEBAGAI CITIZEN JOURNALISM. SIAPA PUN BERHAK UNTUK MENGIRIMKAN INFORMASI UNTUK DIJADIKAN BERITA. NAMUN TERLEBIH DAHULU MENDAPAT PERSETUJUAN REDAKSI.

Arsip

a

 

April 2008
S S R K J S M
« Mar   Mei »
 123456
78910111213
14151617181920
21222324252627
282930