You are currently browsing the daily archive for Maret 13th, 2008.
JACUB Punto, Raja ti Karajaan Sieu Sangihe Talau Manado Sulawesi Utara, nu dikendang ku Belanda Taun 1889 ti Menado ka Cirebon. Alatan nentang teu daek mayar pajeg ka bangsa Belanda nepi ka wafatna di Desa Sangkanurip Kacamatan Cilimus Taun 1890. Jeung dikurebkeun di Kampung Simenyan, di eta desa. Anjeuna teu dibawa kalemburna di Manado.
“Pihak Belanda teu tanggung jawab keur mulasara atawa mulangkeun jasadna ka Menado. Samalah dicul-laurkeun kawas ka bangke hayam, teu boga rarasaan yen nu maot teh manusa. Samalah, sigana ngarasa bungah kuayana Jacub Ponto maot teh, taya deui nu ngahihileudan kaomna nu hayang ngawasa Menado jeung saubudeureunana,” ceuk Suparma, 80 taun, warga RT 23/7 Kampung Simenyan Desa Sangkanurip Kacamatan Cilimus.
Suparma, nembrakeun pamanggihna. Eta oge dumasar caritaan kolotna baheula. Mangsa harita masarakat Desa Sangkanurip digudjrudkeun alatan katimu layon nu geus ngambang di tempat pamandian cai panas di eta lelewek nu bogana urang Belanda (kiwari mah bogana Pemkab Kuningan tur dikokolakeun pihak swasta). Ngan taya nu apaleun ngaran saha-sahana.
Masarakat teu loba carita lantaran sieun ku Belanda. Kangaranan dipilemburan mun aya kapapatenanan teh teurus bae ngambreg. Teu nolih wawuh atawa henteuna. Si layon tuluy dibawa ka bale kampung dimandian (diadusan), disolatkeun terus dikurebkeun di astana gede atawa pamakaman umum bogana desa. Ngurus layon teh sapuratina, padahal teu apal saha-sahana jeung agamana naon.
Tata cara nu dilakukeun teh bane bae masarakat Sangkanurip karereana Islam. Mun agamana sejen mah tangtuna moal ngagunakeun cara kitu. Keur mah taya nu ngabejaan, jeung rek tatanya ka saha? Lantaran harita mah disebutna oge jaman werit. Masarakat teu weuleh ditunturkeun ku kasieun. Komo deui nu perlaya teh kabejakeun tahanan pulitik Belanda.
Atuh ngurebkeun layon teh teu karasa tarapti, kailaharan kiwari. Samalah harita mah teu ngalaksanakeun tahlilan-tahlilan acan. Dina ngayakeunana rek di saha? Tutua kampung oge narah, komo masarakat. Sabab bisi aya balukarna ti pihak Belanda. Geus ngurebkeun teh rehe deui. Samalah masarakat teu wasa ka luar ti imah. Cenah mah Belanda ngarorisan bae kampung, bisi aya nu seja nyiar informasi ngeunaan jalma nu maot ngadadak.
“Kabuka identitasna teh sanggeus 69 taun atawa pancegna 1959. Lantaran aya katurunanana nu ngarana G.D. Ponto, nyejakeun mapay laratan karuhuna nu geus almarhum. Satutasna dikendang ku Belanda ka Cirebon. Ti harita masarakat karek apal, yen makam nu dianggap teu puguh jujutanana teh saurang raja ti Karajaan Sieu Sangihe Talau Manado, Sulsel,” pokna.
Anjeuna, ceuk Suparma, ngadeg jadi raja ti Taun 1851-1890. Salila dua taun di Cirebona. Kaburu gering, teu bisa katulungan. Padahal, ceuk urang lembur, mun bener Belanda ngariksa tahanan pulitikna. Tangtuna ngahalnakeun mere tanaga medis keur ngubaran. Komo deui ka saurang nu boga pangkat raja, ieu mah bet sabalikna. Eta hal matak ngahudangkeun katugenah masarakat.
Basa apal yen Jacub Ponto, saurang raja nu teuneung ludeung nyanghareupan Belanda. Sambung Suparma, merjoangkeun hak-hak rahayat nu katiderasa ku polahna Belanda nu hayang ngajajah sakuliah nusantara. Ngayakeun perlawanan boh sacara fisik jeung ngabaekeun parentahna. Lantaran ngarasa heman ka rahayat jeung nagarana nu dikakaya samemena.
“Anjeuna teu iklas, teu ridho. Komara salaku raja nu masih keneh di denge ku rahayatna digedurkeun sangkan ngayakeun perlawanan ka Belanda. Perang fisik teu bisa disingkahan deui. Rea korban ti dua belah pihakanana, antukna Belanda ngarasa kawalahan. Tapi kusabab perlawanan rahayat ngan ukur ngagunakeun parang, tumbak jeung kolewang teu bisa majar kumaha,” pokna.
Sangkan rahayat Menado, hususna di Talau teu bisa hojah. Belanda nyieun reka perdaya, carana raja nu ti anggalna geus kanyahoan mibanda sikep teu panuju ka pihakna. Samalah leuwih milih ngabaruntak tinimbang kooperatif. Antukna Raja Sieu Sangihe Talau, Jacub Ponto Taun 1888 dicangkalak ti karaton. Samemehna di asupkeun ka bui di Talau Menado. Kulantaran rahayatna beuki kokomoan ka Belanda. Balukarna, Jacub Ponto dikendang ka Cirebon Taun 1889.
“Kajadian sarupa kitu sarua jeung parapamingpin nu aya di Pulo Jawa. Siga Sultan Cirebon, Pangeran Girilaya ti Cirebon, apan di kendang ka luar pulo jawa. Kitu deui KH. Hasan Maolani ti Desa Lengkong Kacamatan Garawangi apan dikitukeun ku Belanda. Bedana teh Pangeran Girilaya mah di pulangkeun deui. Sedengkeun KH. Hasan Maolani mah nepi ka pupusna di Menado-na,” ceuk Suparma.
Jacub Ponto, di Cirebona ngan dua taun, ceuk Suparma, kulantaran kaburu perlaya. Hasil bajuang di lemburna ngalawan Belanda meunang perhatian nu daria ti pamarentah. Taun 1959, anjeuna diangkat jadi pahlawan nasional. “Duka ari piagem penghargaan kana jasa-jasa pahlawana mah. Da kuring teu kungsi maca. Mung waktu taun 1959, pihak pamarentah pusat kungsi datang ka makamna,” ceuk Suparma.
Datangna pihak pamarentah, sambungna, salian ti ngawangun makam oge nyieun tetengger nu nerangkeun saha-sahana nu dipendemna. Mangsa harita, dirina oge milu upacara papasrahanana piagem penghargaan ti pamarentah pusat ka ahli warisna, nyaeta GD. Ponto. “Nya ti harita unggal pangeling-ngeling hari pahlawan nasional di makam ieu diayakeun upacara,” pokna.
Ngan ti saprak reformasi, ceuk Suparma, tacan kungsi diayakeun deui upacara mieling kapahlawanan anjeuna dina hari pahlawan nasional. Boro-boro mieling dalah jaroh ka makamna oge henteu. Boh pihak pamarentah, ti mimiti desa tepi ka kabupaten. Eta hal bisa disababkeun sababaraha paktor, diantarana geus tumpurna jiwa-jiwa perjoangan di masarakat. Kasilih ku pasualan ekonomi.
Bisa oge teu malire kana hasil-hasil perjoangan kuruhun baheula dina ngamerdikakeun Bangsa Indonesia. “Nu matak, kuring mah milu manghanjakalkeun, taya deui nu malire makam pahlawan Jacub Punto, Raja Sieu Sangihe Talau Manado nu dikurebkeun di Simenyan. Kaayaan makamna kiwari matak pikawatireun. Sabab geus taya nu ngurus deui,” pokna.
Basa Galura ka pajaratan tempat dipendemna Jacub Punto, hate milu ngageuri. Caritaan Suparma memang bener. Makamna, geus rea lukutan. Jangjarongan, eurih paselang jeung jukut ngajejembrung. Pager besina geus karatan. Kuburan nu liana pajejel teu diatur, matak rungseb ningalina. Tulisan pangeling-ngeling dina makamna nu nuduhkeun ngaran jeung gelar kapahlawananana teu kaciri deui.
Komo deui papan ngaran nu nunjukeun di Simenyan aya makam raja, oge pahlawan nasional mah towong pisan. Padahal Desa Sangkanurip teh disebutna oge daerah wisata. Samalah Sitonjul mah meunang perhatian nu daria. Asana teh ironis, ningali kaayan samodel kitu. Padahal eta oge bisa disebutkeun salah sahiji objek wisata kasajarahan nu gede nileyna.
Mun bisa mah, Kabupaten Kuningan jeung Manado bisa dijadikeun sister city atawa kota kembar. Sabab di Menado aya makam KH. Hasan Maolani nu dikendang ti Kuningan ka Menado ku pihak Belanda. Pon kitu deui Yacub Punto. Sawadina, Pemkab Kuningann mibanda anleh kana pasualan eta. Tina komunikasi eta, bisa ngahasilkeun wisatawan ti Menado.
Tatang Sucipto, Kepala Desa Sangkanurip basa ditepungan di imahna nyebutkeun. Yen dirina teu apal kana jujutan makam Jacub Punto, Raja ti Talau Menado. Ngan kungsi eta hal dikoordinasikeun jeung pihak kacamatan. Kulantaran kurang meunang perhatian nu daria, antukna diantep deui. Lantaran pikeun ngurus makam pahlawan teh butuh dana. Sedengkeun nepi ka kiwari oge tacan kungsi aya bantuan keur rumawat.
“Teu aya dana kanggo ngarumat makam. Boh ti pihak desa, kacamatan oge kabupaten. Dirina miharep, sangkan pihak Pemkab Kuningan mere perhatin nu leuwih daria ka makam Raja Sieu Sangihe Talau Manado. Lantaran di kumaha-kumaha oge eta teh pahlawan nasional,” tandesna.***


Komentar Terakhir