“….. Jurig nyingkir setan bubar, ti kidul malik ka kidul, ti kaler malik ka kaler, ti kulon malik ka kulon, ti wetan malik ka wetan, ti cai mulang ka cai, ti langit mulang ka langit. Asal ti Gusti mulang deui ka Gusti, Lailaha Illalah Muhamadurosullulah.”
Gerencem tokoh, oge Kapala Desa Wano Kacamatan Japara, Udin Samsudin basa mitembeyan tradisi tulak bala, nu dilaksanakeun di puser desana. Di tema ngadu’a ku cara Islam, di pingpin ku tokoh agama. Rengse ngadu’a, masarakat boh awewe, lalaki, kolot budak nu ngariung hareupan bale desa tuluy bae kebat, laleumpang ka tebeh wetan bale desa. Ti dinya, rombongan ujug-ujug misah jadi dua.
Nu sarombongan leumpang muru beulah kulon, mipir-mipir lembur. Hiji deui ke tebeh wetan, sarua mapay-mapay sisi lembur. Laleumpangna teh teu weuleh dibarung babacaan, bari jeung ngupat-ngapitkeun harupat kawung ka kenca-katuhu. Sedengkeun lengeun katuhu nanggeuy tangtangangin (kadaharan ni dijieun tina beas, dibungkusna ku daun awi) dina piring. Sakapeung dibaledogkeun ka kenca-katuhu. Husu jeung taya nu sempal guyon.
Kangaranan sisi lembur, kebon paselang jeung sawah hese rek ngalengkah. Suku teu kalis titajong kana tunggul atawa batu jeung areuy. Keur mah Desa Wano teh rada lega jeung dilingkung pasir. Kajeun leumpang digancangkeun oge angger bae merelukeun waktu teu sakeudeung. Kalan-kalan nyingraykeun heula areuy nu ngahalangan jajalanan. Atawa nyingkahkeun regang nu pasolengkrah.
Leumpang teh teu kaur laju, tapi kabehanana taya nu ngarasula. Komo nepi ka kutuk gendeng ngarasa kapaksa. Pupujian tuluy-tuluyan digerencemkeun, harupat jeung tangtang angin teu padu bae dialungkeunana atawa dibabukeunana. Tarapti jeung khidmat, kitu meureun pibasaeunana. Mun nu pangheula leumpang teu ngupat-ngapitkeun harupat, nu tukangna oge henteu.
Pon kitu deui ngalungkeun tangtangangin. Kabeh kawas saur manuk atawa hiji komando. Kawas kajadian, aya budak ti kosewad tina gawir sawah, nu ningali gancang nulungan bari jeung teu ngedalkeun kekecapan naon-naon. Anu leumpang ti heula oge henteu ninggalkeun, ngareret ka tukang sakedapan, laju leumpang deui. Leumpang teh aya kana dua jamna, ngurlingan lembur teh.
Basa dipitembeyan teh wanci ashar, anjog ka pertelon. Jalan nu ngahubungkeun Desa Japara ka Cengal, aya jalan mengkol ka katuhu engkena bras ka Wano. Nincak wanci sareupna atawa memeh maghrib karek anjog. Boh rombongan nu ngurilingan lembur ti beulah wetan jeung kulon. Rombongan ngariung di pertelon, bari namprakeun dua leungeun. Salah saurang tokoh agama munajatkeun du’a sangkan harepan warga Desa Wano kabiruyungan, teu keuna kamusibatan.
Miribisna hujan teu ngateugkeun lumangsungna ritual tulak bala. Masarakat tetep husu dina ngalaksanakeun runtuyan jalana ritual nepi ka rengse. Rengse ngadu’a masarakat ninggalkeun pertelon ngadon solat maghrib berjamaah heula di masjid. Reres solat tuluy bubar muru imah sewang-sewangan. Cenah, ba’da isya dipaju deui ngadu’ana bari ngabagi-bagikeun tangtangangin ka masarakat.
***
“Tradisi tulak bala atawa ratiban di Desa Wano sok dilaksanakeun unggal taun, pangpangna bulan Syura. Ceuk kapercayaan masarakat, bulan Syura mangrupakeun saketengna musibat. Pikeun nyinglarna sawadina ngayakeun tulak bala. Carana ngadu’a bari ngideran lembur. Salian ngadu’a aya adat istiadat diantarana ngepret-ngepretkeun harupat kawung jeung nenggorkeun tangtang angin,” ceuk Udin Samsudin.
Sambungna, “Ceuk kokolot lembur baheula, cenah harupat kawung jeung tangtangangin teh hiji alat nu dipikagigis ku bangsa lelembat-lelembut. Eta alat dipake lain ngan ukur keur tulak bala anu lumangsung unggal taun. Tapi dina sakur kagiatan nu dilaksanakeun ku masarakat. Diantarana, mun nyieun wangunan, rek tandur atawa panen di sawah,” pokna.
Tulak bala, ceuk Udin, tujuanana keur nyinglar kamusibatan nu bakal kaalaman. Kamusibatan eta aya nu datang ti alam kawas taneuh urug, gempa atawa banjir. Sabab Desa Wano kalingkung ku pasir, nu bisa ngabalukarkeun bencana alam. Pon kitu deui musibat nu asalna teu kaharti ku akal masarakat, kawas ujug-ujug gering muntaber, demam berdarah jeung saniskarana.
Kajeun kitu, pokna, tulak bala bisa disebutkeun salah sahiji alat pikeun ngageuingkeun masarakat sangkan ulah talobeh. Sabab kamusibatan atawa katerapna kasakit, jaman kiwari mah geus kahontal ku akal. Jeung bisa dijelaskeun sacara ilmiah. Kawas taneuh rugrug atawa kasakit utah ngising. Tina pasualan-pasualan eta, aya tilu rupa palakiah datangna kamusibatan.
Diantarana, poho, nyorobo (jorok-red) jeung bodo. Poho, eta teh kasakit manusa nu teu bisa leungit. Conto basajana, ceuk Udin, kamusibatan taneuh rugrug atawa banjir alatan manusa poho kana pungsi leuweung. Tatangkalan nu geus ratusan atawa rebuan taun ditaluaran, dijual keur kapentingan pribadi. Atuh si leuweung teh jadi dugul, mun geus dugul, balukarna longsor.
Kitu deui keur jalma anu teu berseka. Cai kalomberan (pamiceunan) ti imah diantep karep. Teu dipirosea atawa tara diberesihan. Apan balukarna oge masarakat sabudeureunana bisa bae katarajang diare atawa demam berdarah. “Ceuk pamikiran kuring mah, kiwari remena kajadian kamusibatan di daerah-daerah alatan masarakatna geus poho kana kawajibanana ngarumat lingkungan,” pokna.
Nyorobo, paripolah masarakat ulah kokomoan teuing teu malire kana kaayaan. Siga jaman ayeuna, hayang meunang rejeki badag bari jeung ngagunakan cara nu gampang atawa disebutna “jalan tol” geus ngaleungitkeun norma, etika jeung hukum. Antukna lain bae dirina nu kalangsu, dalah lingkungan oge milu kabawakeun. Temahna nu goreng nya kulawarga keneh.
Conto leutikna, rek nyieun imah. Sagede-gedena imah moal meakeun tatangkalan nu jumlahna rebuan. Copelna oge saratus tangkal. Tah si tatangkalan teh ulah ditaluaran kabeh, keun bae leuweung sina hejo lembok. “Atawa cing atuh rek dahar mah kudu dibiasakeun leungeun teh diberesihan heula. Kawas rek ka masjid, apan kudu beresih boh tina hadas leutik atawa gede.”
Udin miharep, eta hal kudu dilarapkeun dina kahirupan sapopoena. Sangkan urang teu kaasup kaom nu nyorobo atawa jorok. Kitu deui jeung bodo atawa teu ngarti. Tapi bisa oge jalma pinter tapi pura-pura bodo alatan hayang untung tina enteng jadi ngagampangkeun pasualan. Pamadegan samodel eta, teu sarua jeung masarakat nu bener-bener teu ngarti.
Alatan pangaweuruh nu dipibandana teu nepi kana pasualan-pasualan eta. Matakna nu gampang katarajang kamusibatan diatarana golongan kaom poho, nyorobo jeung bodo. Boh kasakit keur dirina kawas jiwa, raga gering nangtung ngalanglayung atawa widang sosial, ekonomi jeung lingkunganana. Padahal kokolot lembur geus mere iber ku cara siloka. Ngan siloka eta, kiwari mah tara kungsi dilenyepan sacara daria.
“Hirup mah kudu nyoko kana palasipah tangtang angin. Apan tangtangangin mah dijieuna tina beas tur dibungkusna ku daun awi. Tah kangaranan beas, kajeun dibungkusna ku daun naon bae. Atawa rasana pulen, bear atawa hapeuk tetep bae kadaharan poko manusa. Leuwih unikna, tangtang angin mah ngajuru tilu jeung ukuran juruna sarua,” ceuk Udin.
Juru tilu nu sarua eta dipalasipahkeun ku kolot baheula, ceuk Udin, nyaeta antara ucapan, hate jeung paripolah kudu sarua. Ulah patukang tonggong. “Ari nu dikedalkeun A, pek tindak-tandukna C. Pan teu nyambung ari kitu teh. Mun geus kitu, hirupna teu weuleh harengheng taya katenangan. Antukna teu weuleh guligah alias teu tumarima kana kaayaan,” pokna.
Siga kolot baheula, di unggal pongpok imah ngagantelkeun tangtangangin, harupat jeung jukut papaliasan. Basana, eta teh keur tulak bala sangkan nu ngeusian imah teu tereh katerap kasakit. Mun dihartikeun cara kiwari, simbol eta boga harti yen imah nu didodokan sangkan dirumat sing raresik. Sumber kasakit teu nyayang jeung salaki atawa pamjikan kudu jujur. Ulah linyok atawa bohong.
“Mun hirupna geus beresih hate, pikiran jeung paripolah Insya Allah pinuh ku kaberkahan. Sedengkeun tulak bala nu dilaksanakeun di Desa Wano, sakali deui ngan ukur ngelingan sangkan masarakat teu poho kana kawajiban rumawat ka lingkungan. Eta mah tradisi, sabab mun masarakat urang ditaragal matak goreng tungtungna,” tandesna.***


2 comments
Comments feed for this article
Mei 26, 2008 pada 4:42 am
alfath
mohon dalam menulis menggunakan bahsa indonesia, soalnya bahsa daerah blm tentu bnyk org tahu apalagi dalam pemulisaan, trerutama bagi saya yang pengin tahu tentang traedisi ratiban atau tradisi tolak bala….tolong di bahsakan nasional..ok.thanks sebelumnya.GPL…….GA PAKAI LAMA..HARUS CEKATAN OK
Mei 26, 2008 pada 4:36 pm
wartadesa2007
terima kasih atas sarannya. akan kami upayakan dalam waktu dekat untuk mentranslate-nya.