You are currently browsing the daily archive for November 24th, 2007.
“Kuring percaya ayana mitos,” ceuk Hana (23) salah saurang pagawe toko di jalan Siliwangi Kuningan. “Mitos teh kajadian nu teu asup akal tapi sok aya bae. Kajeun ceuk utek asa pamohalan, tapi dina emprona katarima ku akal. Mitos teh aya hubunganana jeung nu gaib. Kangaranan urusan jeung nu gaib lain dijawab ku akal tapi ku kayakinan nu aya dina hate,” pokna.
Basa ditalek, ngenaan mitos bupati Kuningan tara ngadeg dua kali. Jawabna, “Kuring meunang carita ti kokolot lembur jeung bapa, pedah kiwari Kabupaten Kuningan bade nyanghareupan Pilkada 2008. Aranjeuna remen nyarioskeun calon bupati sareng wakil bupati anu bade nyalon. Mung duka saha-sahana mah da teu acan jelas pisan. Mung pun bapa sok nyarios mitos yen bupati Kuningan tacan kungsi ngalaman dua periode, “ pokna.
Eta hal dilantarankeun aya tulah ti kolot baheula. Cenah, mangsa jaman Walanda. Dirina teu apaleun taun-taun sabarahana. Ngan nyebutkeun dina mangsa eta, kungsi aya tilu bupati dina waktu nu sarua. “Duka abdi hilap deui nami-namina mah. Mun teu lepatna aya nu disebat Sodikin,” pokna.
(mangsa taun 1945-1951, memang di Kuningan aya tilu bupati. Nyaeta Bupati Noer nu diangkat ku pamarentah RI. Sodikin jeung Holan. Duanana disebut bupati recomba, diangkatna ku Walanda, masing-masing lilana sataunan. Antara 1947-1949 -red)
Sambung Hana, “Mangsa harita, bupati nu diangkat ku pamarentah RI, teu dibere lolongkrang ngurus pamarentahan. Sabalikna nu duaan mah bisa utuh etah. Padahal rahayat teu ngarasa resep ka bupati jieunan Walanda. Sabab teu ngurus rahayat, samalah sabalikna jadi alat nganiaya rahayat. Sedengkeun bupati nu diaku ku rahayat teu bisa walakaya,” pokna.
“Bupati pamarentah RI, ningali rahayatna katideresa ambek pohara. Antukna, ka luar kekecapan nyupata. Mun di Sundakeun mah kieu. Sing saha bae bupatina nu teu melaan rahayat jeung ngan ukur nyiar kadudukan bae, kula menta ka Gusti Allah sangkan di Kuningan taya bupati nu nyangking kalungguhan dua kali,” pokna nirukeun ucapan kolotna.
Enday Sadari, salah suarang Seniman di Kabupaten Kuningan nyebutkeun, “Di Kabupaten Kuningan, rea mitos (asal kecapna mite basa Yunani nu hartina kapercayaan) jeung nu dimitoskeun. Tapi kuring teu bisa nyalahkeun jeung teu bisa ngabenerkeun ayana sikep masarakat samodel kitu. Lantaran, tumuwuhna mitos satutasna aya bukti jeung kaalaman,” sambungna.
Ceuk Enday, boro-boro urang Kuningan dalah urang Amerika, Jepang atawa nagara maju di dunya tetep percaya ayana mitos. Teu bisa dipungkir yen di sagedengeun alam nyata aya oge alam teu nyata. Eta hal ku urang barat disebutna faktor X. Faktor X, bisa mangaruhan mental spiritual manusa. Ceuk basa legegna mah sugesti. Mun jalma geus kapangaruhan teu bisa walakaya.
Enday mere conto. Awak karasana teu ngarareunah, mun ceuk pipikiran jeung hate. Sigana isukan katarajang gering. Isukanana pasti gering. Komo lamun tas ngaliwat ka tempat sanget, atawa kajadian terus lumangsung dina waktu-waktu tangtu di tempat sarua. Kasimpulanana di tempat eta aya nu ngageugeuhna. Boh nu ngaliwat atawa nyejakeun datang kudu ngalaksanakeun ritualan.
Samemehna mah di tempat eta, teu dimitoskeun. Tapi satutasna kajadian jeung hasilna sarua antukna masarakat nyarebutna mitos. Komo deui masarakat Kuningan asalna lain ti “masarakat logik” maksudna masarakat nu digedekeun ku teknologi kawas di Barat. Tapi dumasar pamikiran-pamikiran tradisional. Pamikiran tradisional, nyaeta pamikiran nu raket jeung kaayaan alam reujeung nu ngaturna.
Contona, masarakat Sunda masih percaya ayana Dewi Sri atawa Dewi Pohaci. Percaya yen Prabu Siliwangi teu wafat tapi ngahiang. Nu gering tur teu cageur-cageur padahal uubar geus beak dengkak geus dibawa ka mana-mana. Kepercayaan samodel eta, nepi ka kiwari masih ngalimpudan alam pikiran masarakat Sunda. Ampir sarua jeung masarakat Afirka umumna, yen Poddo (dunia gaib-red) keneh yen hirup hirupna manusa teu bisa dileupaskan tina pangaruh mistikisme.
Kulantaran kasang tukangna geus percaya kana mitos, nepi ka iraha bae masarakat Kuningan hususna, Sunda umumna teu bisa dileupaskan tina pasualan eta. Kajeun ayeuna geus rada kacoceng ku ayana pangaweuruh nu sipatna logika. Tapi tacan bisa mangaruhan sacara mental spiritualna. Kaarifan samodel kitu kungsi dijalankeun ku para wali.
Salah sahijina ngadumaniskeun antara kasenian wayang golek nu dihasilkeun tina budaya Hindu-Budha. Cara samodel eta, nepi ka kiwari napel di masarakat, yen wayang golek teh kasenian Islam, nu mawa syaerat Islam. Padahal lamun ningali tina tetekona, siga dina kakawen. Apan masih ngagunakeun cara samemeh Islam. Mun seug ngagunakeun Islam mah tangtuna kakawena ngagunakeun Bismillahirohmanirohim.
“Mitos nu aya di Kabupaten Kuningan tacan bisa sagemblengna dileungitkeun sasratus persen dina waktu singget. Sabab beuki dieu-beuki dieu mitos dijelaskeunana bisa asup akal. Kawas para normal, bisa ngajelaskeun yen lelembat-lelembut teh bisa katangen bungklekanana jeung karasa ayana. Carana aya nu make alat mediasi (alat bantu) jeung ku wirid,” ceuk Enday.
Sedengkeun pakuat-pakaitna jeung ayana mitos Bupati Kuningan teu bisa ngadeg dua kali, Enday boga anggapan mitos eta ayana kiwari lain baheula. Maksudna, satutasna masarakat nalungtik jeung mikiran sajarah kabupatian di Kuningan tacan aya nu ngalaman dua periode. Ayana bupati teh ti saprak taun 1919, diangkat ku Walanda salaku wali nagara.
Taun sakitu, bupatina Aom Dali nepi ka taun 1921. Reres taun eta, Walanda ngaganti deui ku Mohamad Ahmad nepi ka 1940. Dua periode kapamingpinan wali nagara nu dipikahayang ku Walanda, mun ditengetan teu kungsi lima taun atawa copelna opat taun tapi ngan ukur dua taun jeung sataun. Aya sababaraha pamikiran, kunaon ngan saumur jagong?
Pamikiran ka hiji, ceuk Enday, Walanda ngangkat wali nagara sangkan kawijakan-kawijakanana bisa dilaksanakeun tur diturut ku rahayat. Hartina aya kapentingan-kapentingan pulitik nu kudu dipigawe ku wali nagara. Seug wali nagarana teu bisa ngajalankeun gagasan pulitikna, tangtuna baris dicopot deui. Anggapanana basajan pisan, yen wali nagara teu bisa gawe.
Eta hal mangrupakeun kamandang ti salah sahiji pihak. Pamikiran ka dua, rahayat ngarasa teu resep ka bupatina lantaran teu bisa ngaraharjakeun. Antukna ngayakeun baruntak. Komo deui bupati mangsa harita mah ngan saukur “boneka” penjajah. Balukarna sagala kawijakan bupati dibangkang ku rahayat, kawas kudu mayar pajak bumi jeung hasil tatanen.
Aman Suryaman, sekretaris daerah (Sekda) manten, nepikeun kamandang sarua. Jabatan bupati mangrupakeun jabatan pulitis, nu kudu bisa ngadumaniskeun antara kapentingan pusat jeung daerah. Mun di jaman penjajahan, kawijakan bupati teh kudu luyu jeung kapentingan penjajah. Nu matak ngangkat bupati mangsa harita, saha nu deukeut ka bangsa Walanda.
“Geus ari keur jaman penjajahan mah jauh teuing. Urang nyokot contoh mangsa orde baru (orba). Ayana palaturan ngeunaan tata cara ngangkatna jeung wilayah kakawasaanana dijabarkeun dina UU Nomer 5 Taun 74. Ti saprak aya aturanana mah lilana ngajabat teh lima taun. Beda jeung samemehna ngan ukur dua atawa lilana opat taun,” ceuk Aman.
Ditembrakeun deui, ceuk Aman, calon bupati teh ditunjuk ku pamarentah pusat. Sabab mangsa harita mah teu kawas kiwari aya otonomi daerah. Apan baheula mah sentralistik, jadi daerah teh kajeun milih bupati ku DPRD tapi calona teu nangtukeun sorangan. Pamarentah pusat jeung provinsi boga anleh saha-sahana nu kudu jadi bupati. Jadi mun pihak pusat atawa provinsi ngarasa kurang panuju ka salah sahiji bupati, tangtuna periode satuluyna ulah sina dipilih deui.
“Aya sababaraha kalemahan antara mangsa jaman penjajah, orde lama jeung orba. Jaman penjajahan jeung orde lama taya aturan nu ngiket dina sistim pamarentahan. Temahna jabatan bupati taya landasan hukumna nu bisa dijieun patokan. Ngan ukur katangtuan lisan ti para pejabat leuwih luhur. Antukna, sakadaek pimpinan. Mun geus teu resep diecagkeun tina kalungguhanana,” pokna.
Beda jeung jaman orba, sambung Aman, landasan hukumna geus jelas. Eta hal jadi cecekelan bupati. Jadi lamun resep jeung teu resep, teu bisa dionclah kitu bae. Hartina mangsa orba geus aya tatanan pamarentahan nu jinek. Tapi keukeuh bae dina prak-prakanana aya sikep mriyayi atawa amtenarna karasa keneh. Nu matak dina sajarah kabupatian kuningan taya nu dua kali ngajungjung lungguh jadi bupati.
Aman oge ngaku, salila inyana jadi PNS di lingkungan Pemkab Kuningan jeung ngasaan dipingpin ku dalapan bupati tacan pernah aya nu dua kali mingpin. Kabeh oge ngan ukur kuat saperiode. Nurutkeun pangalamanana, aya bupati nu rengse masa bhaktina tur periode satuluyna nyalonkeun deui tapi aya oge nu ditarik ku kesatuan tempat gawena. Kawas R. Aruman Wirangganapati.
“Anjeuna asalna ti kapolisian, mangsa diangkat jadi bupati. Reres masa bhaktina tuluy ditarik deui ku kesatuanana. Pon kitu deui Karli Akbar ditarik deui ku kesatuanana di ABRI (TNI kiwari). Yeng DS. Partawinata, teu nyalon deui milih pangsiun. Pon kitu deui Jufri Pringadi, milih jadi bupati di Kabupaten Majalengka,”pokna.
Totom Subita Rustaman, Ketua Dewan Kesenian Kuningan (DKK), nyebutkeun pangalamanana mangsa reformasi. Harita dirina jeung sabaraha urang babaturanana ngayakeun gerakan reformasi di Kuningan. Mangsa ngageder reformasi, mibanda pamikiran-pamikiran yen calon bupati kudu dipilih sacara bener ku anggota DPRD. Calon bapati lain dropan (kiriman) ti pusat tapi estu kahayang rahayatna.
Pamikiran eta, sambung Totom, ditembrakeun ka masarakat ku cara nyieun isu yen bupati kudu pituin Kuningan (putra daerah-red) lain ti daerah sejen. Eta hal salah sahiji cara ngabaruntak kana sistim pamarentahan nu ngagem UU Nomer 5 Taun 74. Rahayat teu dibere kasempetan keur milih pamingpina. Kusabab rahayat milu ngadeudeul ayana gerakan reformasi antukna UU eta dibeukukeun.
“Dina pasualan ieu, pemilihan bupati boh nu dilakukeun ku anggota DPRD atawa engke pemilihan kepala daerah sacara langsung (Pilkadasung). Teu bisa leupas tina unsur pulitik. Pulitik eta, bisa ngameunangkeun hiji calon jeung ngelehkeun calon sejena. Maksudna, strategi nu digunakeun ku calon bupati nangtukeun hasil jeung henteuna di lapangan,” pokna.
Sambung Totom, “Dina pemilihan bupati rea intrik jeung isu. Nu matak teu aneh, hiji bupati nu keur ngadeg posisina katangen kuat. Tapi kunaon dina emprona eleh atawa teu kapilih deui? Kawas mangsa bupatina R. Aruman Wirangganapati, saha nu nyangka kuat saperiode. Padahal anjeuna bupati nu dipikacinta ku rahayatna. Pon kitu deui Subandi (Bupati Bandi), nu dianggap panghadena,” pokna.
Kuatna politisasi (proses pulitik) dina Pilkada, ceuk Totom, boga pangaruh kuat ka nu milih. Komo mangsa bupati di pilihna ku anggota dewan jeung meunang pangrojong ti provinsi jeung pusat gampang pisan mangaruhanana. Tim suksesna bisa ngabring ka provinsi (gubernur-red) atawa ka Menteri Dalam Negeri (Mendagri) sangkan mere restu ka salah sahiji calon.
Carana bisa ku surat dukungan atawa surat teu ngadukung nu ditandatangan ku sajumlah anggota atawa elemen masarakat. Pikeun gubernur atawa Mendagri surat eta bisa dijadikeun dasar pikeun mere restu ka salah sahiji calon. Tapi eta oge gumantung tim suksesna, naha mampuh ngayakinkeun atawa hentu? Beda jeung Pilkadasung, nu dilobina lain ngan ukur anggota dewan. Tapi sakabeh masarakat nu boga hak pilih.
Pagawean tim sukses, nyieun tarekah sangkan calona ngadeg jadi bupati. Diantarana nyieun isu atawa nyiptakeun opini. Boh di provinsi, pusat atawa anggota dewan. Opinina mah bisa hade atawa goreng. Mun ka lawan opinina pasti goreng, sedengkeun ka calona mah hade. Salian ti eta, numuwuhkeun konflik ka para pendukung calon bupati sejen sangkan teu buled sorana (jumlah biting dina emprona pemilihan).
Tim sukses calon bupati nu samemehna tacan manggung, boga niley leuwih. Diantarana gampang dijual sabab tacan boga “dosa pulitik”. Dosa pulitik eta, bisa ngancurkeun kahadeanana salila jeneng bupati. Nu matak teu aneh, di Kabupaten Kuningan bupatina tara ngalaman dua periode. Eta hal jadi kayakinan masarakat, antukna kiwari dimitoskeun. Mitos eta jadi bener lantaran unggal tim sukses hayang ngadegkeun bupati anyar.***
—————-
Aruman jeung Subandi Ngalegenda
Ano Suharno (84) warga Blok Sawahwaru Kalurahan/Kacamatan Kuningan netelakeun. “Taya aturan ngeunaan larangan bupati Kuningan dua kali. Tapi tacan pernah aya bupati manggung dua kali. Kabehna oge ngan ukur sakali,” tandesna.
Ano, nu kungsi jadi sekretaris daerah (Sekda) di Setda Kabupaten Kuningan nepikeun pangalamanana. Yen di Kabupaten Kuningan mah rada minculak ti daerah sejen dina urusan pemilihan bupati. Ceuk kamandang masarakat di Jawa Barat jeung nasional, Kabupaten Kuningan mangrupakeun kawah candradimukana widang pulitik. Rea pajabat nu samemehna tugas di Kuningan, jugala di luar daerah.
Pon kitu deui, urang Kuningan nu bubuara di kota-kota gede boh jadi PNS atawa dagang sarukses. Urang Kuningan rea nu jaradi bupati atawa wali kota kawas di Bogor, Tangerang, Bekasi Kabupaten Cirebon. Samalah nepi ka luar pulo jawa. Sedengkeun bupati nu jeneng di Kuninganana sok ancal-ancalan. Aya nu ti daerah sejen jeung pituin urang Kuningan.
“Kuring nengetan, sapriode ayeuna di kawasa ku lain urang Kuningan, tapi priode isukanana urang Kuningan. Bupati nu lain ti Kuningan atawa ti Kuningan lamun nyalon deui sok tara meunang. Contona, mangsa bupatina dicepeng ku Djufri Pringadi kurang kumaha anjeuna ngawangun Kuningan. Kawas terminal nu ayeuna di Cirendang, jalan Cirendang-Cigugur,” pokna.
Tapi mangsa nyalon deui, sambung Ano, eleh ku Subandi. Anu samemehna jadi Sekda. Tapi Djupri nyalon di Majalengka (lemburna-red) mah meunang. Pon kitu deui Subandi, kahebatanana diaku ku masarakat. Tapi dina emprona kaleled ku Yeng DS Partawinata ti Tasikmalaya. “Ceuk kuring, suhu pulitik di Kuningan bisa nangtukeun saha-sahana nu kudu jeneng bupati,” pokna.
Sambungna “Jadi lain mitos atawa teu mitos. Nya bisa bae masarakat nyebutna mitos tapi asa kaharti ku akal mun disebutna proses politisasi. Kawas Aruman Wirangganapati, kumaha teu deukeut ka rahayat. Keur mah cara hirupna basajan, akuan, someah, jujur jeung akuan ka rahayat. Kungsi kuring ngawangkong di jalan pasampangan, harita mah kuringna oge tacan jadi Sekda. Anjeuna ngagunakeun sarung jeung teu dibaturan ku ajudan, cenah mah keur ngaroris,” ceuk Ano.
Sikep ngamenak teu katangen, ceuk Ano, tapi tegas dina nyanghareupan pasualan. Komo deui nu aya pakuat-pakaitna jeung kahirupan rahayatna. Aruman, teu resep lamun aya kawijakan nu teu loyog jeung masarakat atawa ngatideresakeun rahayat. Sok komo hayang nyiksa atawa ngabaekeun mah, kawasna dipahing pisan. Masarakat teh diogo tapi teu disina males hirupna. Tetep bae anjeuna mere motivasi sangkan mampuh ngaronjatkeun kahirupanana.
Aman Suryaman, boga pangalaman sakur bupati nu aya di Kuningan boga plus minesna. Tapi dirina ngaku yen nu dianggap paripurna salila jeneng jadi bupati nyaeta Subandi. Subandi boga karakter tradisional. Maksudna, karakter nu leuwih nyoko kana alam masarakat Kuningan. Boh nu dilakukan dina pamarentahan atawa tindakan-tindakan nu dipigawena.
Aman mere conto, ngabahas hiji pagawean kudu di tempat nu aya pakuat-pakaitna jeung pasualanana. Siga urusan pertanian, sawalana tara di pendopo atawa di hotel. Tapi dilaksanakeun di saung tani. Dina riungan eta, aya patanina, penyuluh pertanian lapangan (PPL), kapala dinasna jeung camatna. Dina ayana nu sejen, copelna kapala dinas nu aya pakuat-pakaitna. Eta mah keur urusan koordinasi.
Dina gempungan eta, mun patani teu bisa ningkatkeun hasil panena alatan katarajang hama. Hama eta dibuktikeun di lapangan, naha bener aya hamana atawa ngan ukur akon-akon bae. Mun bener, kumaha carana sangkan hama leungit atawa tayana gemuk. Pasualan-pasualan samodel eta, lain meunang laporan di luhureun kertas tapi anjeuna ningali langsung pasualan nu aya di lapangan.
Pon kitu deui urusan sejena, ceuk Aman, nu jelas pigur Subandi leuwih nyoko kana urusan-urusan basajan tapi bisa dilaksanakeun sacara daria ku masarakat. Ceuk basa kiwari mah disebutna pola kerja efektif dan efisien. Tacan kungsi nyarita panjang lebar nepi ka bubuk leutikna, tapi cukup ku dua atawa tilu kecap nu bisa dipikaharti ku balarea. Tapi mun ditarjamaahkeun nu dua atawa tilu kecap teh bisa meakeun puluhan lambar kertas.
Salian ti eta, sikep nu teu leungit nyaeta mere dorongan atawa motivasi keur kamajuan rahayat. Contona, sangkan masarakat boga usaha di daerahna anjeuna mere arahan. Masarakat teh kudu bisa ngamangpaatkeun potensi daerahna. Siga rea tangkal kalapa, tah kumaha tangkal kalapa eta aya mangpaatna keur ningkatkeun ekonomina? Tah lamun ditarjamaahkeun, masarakat teh kudu ngulik tangkal kalapa. Lain kalapana bae nu kudu dijual teh. Tapi aya tapasna, kalapana bisa djieun minyak jeung rea mangpaat sejena nu mibanda niley-niley ekonomi.***
———————
Daftar Nama Bupati Kuningan
|
No |
NAMA |
TAHUN |
|
|
AOM ADALI |
1919-1921 |
|
|
MOHAMAD AHMAD |
1921-1940 |
|
|
R. UMAR SAID |
1940-1942 |
|
|
RIFAI |
1942-1945 |
|
|
NOER (BUPATI RI) |
1945-1951 |
|
|
SODIKIN (RECOMBA) |
1947-1948 |
|
|
HOLAN (RECOMBA) |
1948-1949 |
|
|
TIKOK ABDRURAHMAN |
1951-1952 |
|
|
SUMITRA |
1952-1954 |
|
|
TB. AMIN ABDULAH |
1954-1957 |
|
|
YUSUF (PEJABAT) |
1957-1958 |
|
|
SALEH ALIBASYAH |
1958-1961 |
|
|
UMAN JATIKUSUMAH |
1961-1966 |
|
|
SUMINTA (PEJABAT) |
1966-1967 |
|
|
R. ARUMAN WIRANGGANAPATI |
1967-1973 |
|
|
KARLI AKBAR |
1973-1978 |
|
|
RH. UNANG SUNARJO, SH |
1978-1983 |
|
|
DRS. H. MOCH. DJUFRI PRINGADI |
1983-1988 |
|
|
DRS. H. SUBANDI |
1988-1993 |
|
|
H. YENG DS. PARTAWINATA, SH |
1993-1998 |
|
|
DRS. H ARIFIN SETIAMIHARDJA, MM |
1998-2003 |
|
|
H. AANG HAMID SUGANDA |
2003-2008 |

Komentar Terakhir