You are currently browsing the daily archive for November 3rd, 2007.

pesersta-seminar.jpg

Unit pelaksana teknis daerah (UPTD) SD Kabupaten Kuningan ngayakeun sawala atawa seminar Kasundaan jeung paraguru sakola dasar. Sawala eta, bisa disebutkeun alat introspeksi keur para guru. Dina ngalarapkeun Kasundaan, boh ka murid atawa di lingkungan arinyana matuh. Sabab aya anggapan, yen guru teh tuladan di masarakat dina ngamekarkeun niley-niley Kasundaan.

“Nu kaalaman ku kuring, boh di lembur atawa di sakola. Rea nu nyarita yen nu bisa jeung ngarti kana Kasundaan mah iwal ti guru. Nu matak dina acara gempungan di bale desa, atawa di luar sakola. Boh ku kolot atawa budak, sok dipake pananyaan lamun aya hal-hal nu teu dipikaharti ngeunaan Kasundaan,” ceuk Didi Junaedi, S.Pd., guru SD Panyosogan Kacamatan Ciawigebang.

Inyana mere conto, leuleutikanana dina acara kariaan atawa mingpin rapat ari di desa mah arang langka ngagunakeun basa Indonesia. Keur mah masarakatna teu sakabehna lulusan paguron luhur atawa lulusan SMA. Atuh basana oge diloyogkeun jeung pangabutuhna. Antukna cumarita teh ngagunakeun basa Sunda. Pon kitu dina kariaan, di Kuningan mah geus ilahar make basa Sunda.

Keur nyumponan pangabutuh eta, sambung Didi, lain pagawean gampang. Sabab dina wanda basa Sunda mah aya rasana. Tah rasana eta, lamun dicaritakeun, naha merenah atawa henteu? Kalan-kalan cek rarasaan bener tapi pikeun nu ngareungeukeun, cenah basana tag-teg-tog. Kitu deui dina ngajarkeun ka barudak sakola. Teu dapon ngajarkeun aya lilinggeran nu kudu dipake.

“Dina pasualan ieu, aya dua hal nu kudu meunang parhatian. Nyaeta basa panganteur dina campur gaul di masarakat jeung panganteur dina pangajaran. Basa campur gaul teu pati malire kana undak usuk basa. Nu penting tepi atawa henteuna maksud omongan atawa caritaan. Sedengkeun basa pangajaran mah kudu luyu jeung saneskanten tatabasana,” pokna.

Basa pangajaran rada hese beleke, ceuk Didi, sabab irongan nu aya. Barudak sakola kudu ngarti jeung paham kana undak usuk basa. Geus ngarti mah rek dipake atawa henteu dina sapopoena teu jadi pasualan teuing. Saumpamana, keur mah teu ngarti basa nu digunakeun sabulangbentor. Bari jeung direumbeuy basa sinetron. Kawas “Gue karek pulang  sakolah. Maneh rek ngala rumput?.”

Kekecapan samodel kitu, ceuk Didi keneh, keur barudak sakola geus teu aneh deui. Komo mun di kulawargana diajarkeun cumaritana make basa Indonesia. Apan ngalarapkeun basa Sunda teh jadi coreleng. Lamun geus kitu, nu katempuhan teh angger bae guru keneh-guru keneh. Pajah, guruna teu ngatik jeung ngadidik barudak sakola sangkan reueus ku Kasundaan.

Memang guru mah jadi paneumbleuhan dina ayana kasalahan. Padahal teu sakabeh guru mibanda pangaweuruh Kasundaan. Sabab pangaweuruh dasarna beda-beda. Aya nu matematika, basa Inggris, IPA, IPS jeung sajarah. Kulantaran guru nu aya di Kabupaten Kuningan karereana urang Sunda jeung cariringna di tatar Pasundan, rek ngaku urang mana jeung asalna ti mana kudu ngawasa Kasundaan.

“Teu aneh, guru asalna ti Jawa Tengah tur ngajar di sakola dasar di Kuningan ngajarkeun basa Sunda. Sedengkeun urang Sunda-na ngajarkeun basa Inggris, Matematika jeung nu liana. Kaayaan samodel kitu, ulah nanyakeun hasilna kumaha. Tapi sok bae tingali sisi positipna. Maish untung aya keneh nu haat, bari jeung kapaksa oge. Nu matak tetep nyoko kana kurikulum,” ceuk Didi.

Madsarif, guru SD Rajawetan Kacamatan Japara, pikeun ngomarakeun Kasundaan salah sahiji carana aya di sakola. Lantaran generasi ngora ampir salapan puluh salapan persen aya di dinya. Salain numuwuhkeun di imah jeung lingkungan. Ngan pikeun tataharna kudu alatna. Boh buku bacaan, aturan dina kurikulum atawa guruna (sumbr daya manusa-red).

Salila ieu, lain teu hayang nyosialisasikeun peraturan daerah (Perda) Porvinsi Jawa Barat No. 5/2003 ngeunaan pemeliharaan dan pengembangan bahasa, sastra, dan aksara Sunda laju Perda Kab. Kuningan No. 6/2006 ngeunaan hal nu sarua. Tapi Perdana oge teu disosialisasikeun ka sakola-sakola jeung bahan bacaan kurang keneh. Boh dina wanda wawacan atawa guguritan.

Nu matak teu aneh, cek Madsarif, peran sakola tacan samistina enggoning nanjeurkeun jeung mulasara Kasundaan. “Pikeun ngawasa Kasundaan teh, lain ngan ukur feeling atawa rasana bae. Tapi kudu nyaho nu kumaha ari Kasundaan? Conto leutikna bae, basa Sunda nu bener keur atikan. Atawa etika Sunda, apan nu kararitu teh masih keneh ngeunteung ka etika Nasional,” pokna.

Sambung Madsarif, “Numatak kuring rada bungah ku ayana Seminar basa, sastra jeung budaya Sunda. Nu dipokalan ku UPTD SD sa Kabupaten Kuningan. Eta teh hiji perhatian nu daria dina nanjeurkeun Kasundaan. Ngan hasil tina seminar atawa sawala eta, kudu aya lengkah kahareupna. Naha ngadatangkeun rupa-rupa bacaan. Atawa modul atikan nu samistina.”

Pikeun ngawujudkeun harepan eta, cek Madsarif, aya waktu sabulan. Hususna bulan ramadhan. Bulan nu ceuk masarakat Islam disebutna suci bisa dijadikeun sarana introspeksi jang ketak ka hareupna. Kudu aya kasapukan, kajeun teu ditulis dina kertas matere oge. Bakal dikumahakeun Kasundaan teh? Eta hal alatan geus hariwang, nangenan Kasundaan nu mimiti kokolenyayan.

“Keur sadiri kuringeun mah, asana Kasundaan teh moal pareum. Lantaran dikumaha-kumaha oge hirup hirupna urang Sunda teh teu leupas tina Kasundaan. Ngan nu jadi pamikiran kumaha kahareupna? Ningali kaayaan jaman nu leuwih gancang robahna. Komo kiwari, masarakat geus padudag-udag jeung teknologi. Pon kitu deui, barudak sakolana,” pokna.

Barudak sakola ayeuna, cek Madsarif, kana teknologi teh kawas diwajibkeun pisan. Cenah anggapanana teh sangkan teu katinggaleun ku bangsa deungeun. Tapi kamajuan eta, lamun henteu dibarengan ku wewegna Kasundaan di dirina tangtuna baris ngagejretkeun. Kasundaan teh baris kasilib ku rumpaka teknologi nu hol ti deungeun bari ngagandong budayana.

Inyana mere conto, kuayana telekomunikasi handpone (HP) jeung televisi saeutikna ngarobah jatidiri Kasundaan. Sabab, budaya nu digandongna oge apan rupa-rupa. Boh dina basa, paripolah jeung etikana. Basa nu dipake ngadadak robah jadi make basa gaul siga elo, gue. Pon kitu deui basa asingna kawas ngagunakeun basa matching (pas), smart (alus), jeung rea-rea deui.

Madsarif mere conto kalimah nu sok dipake ku barudak sakola, diantarana bae “Baju gue, katingalina matching teu?” atawa “Ari jalma teh kudu smart ambeh loba nu resepeun.” Balukar ngagolontorna budaya deungeun ka barudak sakola di Kuningan, lain bae karasa ku lingkungan. Dalah ku kolot-kolotna oge karasa. Tata titi duduga peryoga ka saluhureun atawa ka sahandapeun geus teu dipake deui.

Nyarita ka kolotna dapon engab bae, kalan-kalan teu dipikirkeun deui. Naha eta teh salah atawa henteu? Paripolah samodel kitu teh, sok dilarapkeun lamun barang penta ka kolotna. Tatakramana geus ilang. Kitu deui jeung padabaturna, boh di sakola, lingkungan atawa di tempat-tempat umum. Kawas di supermarket jeung tempat pasamoan. Robahna lilinggeran eta aya sababaraha paktor, ceuk Madsarif.

Pangajaran Kasundaan kurang keneh di sakola. Pihak kulawarga ngatikna dina basa Indonesia. Nu leuwih parnana mah bahan bacaan nu aya lain basa Sunda atawa Kasundaan. Nu dibaracana teh diantarana novel rumaja gaul, carita detektif kaluaran barat. Kawas Harry Potter, Lima Sekawan jeung rea-rea deui. Sedengkeun roman, novel atawa komik Sunda mah arang langka.

Dina ayana oge, hese nyiarna. Nu matak teu aneh, lamun barudak sakola atawa rumaja liana rada ngatog lamun maca majalah atawa koran basa Sunda. Eta oge hiji ciren, yen nyirorotna Kasundaan teh lain ngan ukur nyiar kasalahan urang Sunda-na bae. Tapi kumaha ketakna keur ngaladenan nerekabna budaya informasi jeung teknologi nu kiwari disangharepan.

Enday Sadari, salah saurang seniman Kuningan nyebutkeun. Kasundaan kiwari keur adu regeng jeung budaya pop nu mahabu. Budaya pop nu ngalindih rumaja lain bae matak ngaruntagkeun ajen Kasundaan tapi kawasna geus ngarobah tatanan budaya nu aya di Indonesia. Budaya pop atawa budaya instan, mangrupakeun hiji tradisi hayang nyiar kasugemaan ku cara enteng tur murah.

“Budaya pop mah, teu merelukeun deui tanaga atawa pikiran keur meruhkeunana. Kari nyomot diunggal jalan atawa pengkolan. Geus kitu mah kari dicapek. Karasana pahit, lada, asin atawa gahgar kumaha engke. Da gampang diutahkeun. Lamun kudu milih oge, mana nu merenah ti heula. Geus teu merenah mah lur bae. Beda jeung meunang mikir atawa napakuran,”ceuk Enday.

Enday, nu kungsi nyuprih elmu di ASTI Bandung (kiwari STSI), satuju jeung kamandangna Madsarif. Yen teu dipungkir, barudak kiwari geus dianggap ngalur-jeunkeun Kasundaan. Lantaran nerekabna budaya pop. Eta hal teu bisa silih salahkeun sabab komplekna pasualan. Panyakit Kasundaan nu tuluy-tuluyan ngagorogotan lain bae ti pihal luar. Dalah ti jerona oge kitu.

Teu aneh lamun aya pihak nu tuluy-tuluyan gogorowokan, tapi di pihak sejen ngaliarkeun panyakit. Padahal kasapukan teh lain ngan ukur aya di tingkat elitna bae. Tapi sakumna anggota masarakat nu aya di tatar Sunda kudu boga anleh sarua. Keur nyieun kasapukan eta, memang tacan aya pamanggih nu bener-bener bisa dipake jadi patokan. Dina aya patokanana oge sok pacakar-cakar lain silih rojong.

Kondisi samodel kitu, sambung Enday, diparnakeun deui ku tayana tokoh Sunda nu bisa meungkeut. Silih klaim jeung silih herengan, nu balukarna ka handap (masarakat leutik-red) lain nyiptakeun pikaresepeun tapi sabalikna. Tungtungna, Kasundaan teh kawas paeh dina ayakan. “Enya meunang ngajait tur nyiksik nu benerna. Ari geus ka sair, eusi-eusina di momorekeun,” tandesna.***

Gunakeun Basa Sunda di Mana Bae

Prof. Ayip Rosidi, nembrakeun. “Saeunyana lamun basa Sunda paeh teh hentu kudu ngarasa aneh. Naon sababna? Geus puluhan rebu, boa ratusan rebu basa nu geus paeh di dunya teh. Jadi naha basa Sunda make moal bisa paeh?” omongna.

Sambung Ayip, “Basa Sunda teu mustahil paeh, eta mah gumantung kahayang urang Sunda-na. Naha rek diantep bae basa warisan nini aki ilang sirna ti dunya? Tangtu hese lamun nanya ka urang Sunda saurang-saurang pikeun muguhkeun kumaha pamanggihna. Tapi tina reaksi nu kabandungan sabada maca tulisan-tulisan sacara realistis ngagambarkeun kaayaan basa Sunda ayeuna, rea jalma nu ngajenghok,” pokna.

Tapi naon anu bisa dilakukeun sangkan basa Sunda ulah nepi ka paeh? Sambung Ayip, sacara umum miharep sangkan pangajaran basa Sunda di sakola leuwih enya-enya. Tapi harepan cara samodel kitu geus kurang leuwih satengah abad dihaleuangkeun ku jalma-jalma nu mikanyaah basa Sunda. Geuning taya hasilna? Da pamarentah Indonesia henteu kaburueun mikiran sual eta.

Dina ayana oge anu mikiran, tacan tangtu bisa ngayakinkeun anu sejen, dina raraga nagara kasatuan Indonesia. Kaburu sieun dituduh separatis, provinsialistis jeung tuduhan sabangsana. Yen pameredih, menta pangajaran basa Sunda leuwih enya-enya diajarkeun di sakola, geus meh satengah abad henteu dipalire. Komo mun nungguan deui mah iraha boa?

Pangajaran di sakola memang penting. Tapi naha hirup-huripna basa Sunda gumantung kana pangajaran di sakola bae? Gugat Ayip. Di jaman karajaan Sunda taya sakola jadi teu aya pangajaran basa Sunda. Geuning bisa hirup kalawan hirupna. Sanajan teu rea naskah-naskah ti jaman eta nu nepi ka urang ayeuna. Hartina hirup-huripna basa henteu gumantung kana pangajaran sakola.

Basa baris hirup kalawan hirupna, lamun digunakeun ku masarakat nu mibandana. Kaayaan basa Sunda kiwari pikawatireun kusabab masarakat Sunda katembongna geus rea nu teu ngagunakeun deui basana pikeun komunikasi jeung papada urang Sunda. Dalah di rumah tangga oge, sanajan indung bapana urang Sunda, dina nyarita jeung barudakna teu ngagunakeun basa Sunda.

“Urang Sunda, geus teu ngarasa reueus jeung sugema ngagunakeun basa Sunda. Rereana leuwih reueus lamun nyarita dina basa Indonesia atawa basa Inggris. Tangtu rea alesanana nu matak kitu oge. Tapi lamun kaayaan kitu diantep karep, antukna basa Sunda nya kana baris paeh tea,” pokna.

Ayip Rosidi, umajak ka sakumna urang Sunda sangkan ngagunakeun basa Sunda  lamun nyarita jeung papada urang Sunda. Boh dina riungan atawa dimana bae. Keun bae basa Sunda-na teu luyu jeung undak usuk basa oge. Lantaran undak usuk basa lain asli Sunda. Umurna ge kakara kurang leuwih saabad satengah. Teu kudu sieun disalahkeun kusabab undak usukna teu bener.

“Anggap bae, kekecapan nu diatur ku undak usuk teh sinonim. Teu kunanaon kalimahna pasolengkrah, nurutkeun aturan undak usuk. Dapon nyarita dina basa Sunda. Mending keneh nyarita dina basa Sunda sanajan henteu luyu jeung aturan undak usuk. Manan ku sabab sieun salah, antukna leok deui kana basa Indonesia. Kasalahan ngalarapkeun kekecapan nurutkeun undak usuk dianggap dusun atau teu nyaho di tata, baheula mah,” pokna.

Undak usuk basa, ceuk Ayip Rosidi, di Jawa ge kakara dina jaman Kasultanan Mataram. Kulantaran waktu Sultan Agung nyakrawati ngabahudenda di Mataram, teu keresaeun kauninga yen anjeuna turunan patani. Ki Ageng Pamanahan nu ngadegkeun Mataram apan patani. Nya tuluy nyiptakeun basa nu misah tina basa anu biasa digunakeun ku balarea dina sapopoena.

“Para gegeden Sunda nu ngawula ka Mataram, dialajar ngagunakeun undak usuk (unggah-ungguh bosa) waktu caos upeti saban taun. Tuluy disebarkeun di lingkungan kabupaten (rumah tangga dalem atawa bupati). Saeungeus aya sakola beuki sumebar diajarkeun di sakola-sakola,” pokna.

Ayeuna urang Sunda, ceuk Ayip, geus mandiri di lingkungan Republik Indonesia anu demokratis. Henteu merenah lamun nyekel ajen inajen jeung ngagunakeun basa nu diciptakeun pikeun masarakat karajaan atawa peodal.***

                        Rek Wewengkon atawa Lulugu Sarua Bae Basa Sunda

Kuayana gawe bareng UPTD SD Kabupaten Kuningan jeung Koran Sunda “Galura” grup “Pikiran Rakyat” ngayakeun Seminar Basa, Sastra jeung Budaya Sunda. Eta hal ngahudangkeun kayakinan yen Kasundaan moal laas ku jaman, moal lantis ku cai hujan. Angkeuhan eta, lain bae datang ti kaom guru, dalah seniman pon kitu deui Pamarengah Kabupaten Kuningan boga karep nu sarua.

“Seminar nu dirojong ku Koran Sunda Galura lain bae matak reueus tapi ngahudangkeun sumanget pikeun ngagedurkeun Kasundaan di Kabupaten Kuningan. Salila ieu, nu mere informasi Kasundaan memang karek Galura. Sedengkeun bacaan sejena tacan sagemblengna bisa dikonsumsi ku guru atawa barudak sakola, kusabab langka keneh” ceuk Drs. H. Kuswara, M.Pd., Ketua K3S UPTD SD Kab. Kuningan.

Diaku ku dirina, memang salila ieu Kasundaan tacan meunang perhatian nu daria. Sabab aya sabaraha hahalang, diantarana bae sakabeh guru tacan nyangking pangaweuruh Kasundaan sagemblengna. Tacan ayana pamikiran nu sarua, keur narekahan jalan ka luarna pikeun ngungkulan pasualan eta. Kawijakan pamarentah dina kurikulum tacan nyampak samistina nu dipiharep ku kaom guru.

Kalemahan eta, ceuk Kuswara, kudu dibeberes ti handap keneh atawa guru sangkan boga inovasi atawa kamotekaran keur prak-prakanana di lapangan. Salian ti ngawasa pangaweuruh Kasundaan sacara umum, oge kudu ngali kajembaran basa, sastra jeung budaya wewengkon Kuningan nu beunghar. Salila ieu, memang Kasundaan masih keneh nyoko ka Priangan.

Seug ngalarapkeun nu sipatna wewengkon, aya rasa tumarumpang jeung deui kurang percaya diri. Anggapan samodel eta, kudu dimotivasi ku pihak-pihak nu leuwih jembar pangaweuruhna. Nu matak ngogan Ayip Rosidi jeung Elin Sjamsuri, eta teh keur tatahar dina ningkatkeun rasa percaya diri guru. Lamun sieun jeung sieun moal nepi-nepi ka nu di tuju.

“Rek ngomarakeun wewengkon Kuningan, Priangan atawa nu liana ari tujuanana rek ngagedurkeun Kasundaan mah taya salahna. Sabab Kasundaan bisa nanjeur lamun basa, sastra jeung budaya wewengkona nanjeur. Apan dina Undang-undang Dasar ’45 oge disebutkeun yen, puncak-puncak kabudayaan nasional adalah keluhungan budaya daerah,” pokna.

H. Elin Sjamsuri, dosen UPI Bandung nandeskeun. Nanjungna Kasundaan bisa katangen dina paripolah masarakatna. Paripolah eta, aya patula-patalina reujeung etika. “Urang bina nangenan moral masarakat anu pakuat-pakait jeung adat kabiasaan, tata susila atawa hak jeung kawajiban. Luhur handapna tingkat etika nu nerap dina kahirupan manusa nuduhkeun peradaban hiji masarakatna,” pokna.

Dina pedaran agama Islam, ceuk H. Elin, etika Sunda teh luyu jeung nu diajarkeun ku Rosullulah, nyaeta nyampurnakeun ahlak manusa (ahlakul karimah). Ieu ahlak atawa etika teh kudu nyampak tur tembong dina hirup kumbuh manusa dina interaksi manusa ka Allah jeung alamna. Jadi dina prak-prakanana etika teh jadi etiket. Nyaeta tata cara sopan santun manusa anu beradab dina ngatur hubungan silaturahmi jeung papada manusa.

Sedengkeun dina tatakrama basa Sunda, sok tembong ayana ragam basa hormat. Anu netelakeun karep silih ajenan tea. Nya dina hal ieu pisan anu sok jadi bangbaluh keur barudak rumaja atawa sakola nu keur diajar basa Sunda. Nepi jadi alesan, diajar basa Sunda teh hese. Padahal, mun prak diajar bari suhud, ngahaja ngapalkeun bari jeung dilarapkeun sapopoena. Asana modal humandeuar.***

kaki-lima.jpg

Bupati Kuningan, H. Aang Hamid Suganda menyayangkan para pedagang daging dan pedagang kaki lima (PKL) berjualan di area badan jalan utama Pasar Baru, menyusul terjadinya kebakaran pasar beberapa tahun lalu. Para pedagang daging kambing, sapi, dan ayam, tidak mau kembali menempati lokasi khusus los daging yang berada di tengah-tengah pasar.

Mereka lebih suka menempati lokasi di bagian depan kawasan jalan utama Pasar Baru yang sebelumnya hanya dijadikan sebagai tempat perpindahan sementara. Akibatnya, badan jalan utama menjadi sempit dan sangat rawan kemacetan lalu lintas.

Diakui Kabid Perdagangan Disperindag Kab. Kuningan, Drs. H. Zaenal Abidin, para pedagang daging enggan kembali ke lokasi los eks kebakaran yang khusus pedagang daging yang berada di tengah-tengah pasar tapi mereka lebih senang berdagang di bagian depan yang dianggap strategis.***

neng-ida-nengsih-deni-fitriana.jpg

Keterangan Gambar :

Pemimpin Umum Warta Desa edisi cetak, Ono Darsono, S.Sos., beserta istri tengah merayakan resefsi pernikahan putrinya Neng Ida Nengsih dengan pria idamannya Deni Fitriana yang dilaksanakan Rabu, 1 Nopember 2007. Pernikahan ini mudah-mudahan dapat memberikan baroqah kepada kedua mempelai menjadi pasangan suami istri yang mawadah warohmah, amien.***

I.K.L.A.N

Citizen Journalism

Warta Desa DIHADIRKAN SEBAGAI CITIZEN JOURNALISM. SIAPA PUN BERHAK UNTUK MENGIRIMKAN INFORMASI UNTUK DIJADIKAN BERITA. NAMUN TERLEBIH DAHULU MENDAPAT PERSETUJUAN REDAKSI.

Arsip

a

 

November 2007
S S R K J S M
« Okt   Des »
 1234
567891011
12131415161718
19202122232425
2627282930