You are currently browsing the daily archive for Oktober 8th, 2007.

Lima hari menjelang Lebaran, pasar swalayan dan pedagang pakaian di Indramayu marak diserbu pembeli, Senin, (8/10). Ramainya pengunjung yang membeli pakaian di Pasar Bangkir, Lohbener dan Toserba Surya Indramayu mengindikasikan. masih tingginya antusiasme pembeli.

“Biasanya yang laris itu pakaian,” ujar Frans Sareng (30), Kepala Personalia Toserba Surya Indramayu. Jenis pakaian dapat diagntiPembeli kebanyakan memburu kemeja dan pakaian anak.

Menurut data Toserba Surya, omzet dari hasil penjualan kemeja pada Lebaran tahun lalu mencapai Rp 50 juta. Namun, jumlah tersebut diperkirakan meningkat pada tahun ini. “Bisa sampai Rp 60 juta,” kata Frans.

Frans menambahkan, biasanya Toserba yang terletak di Jalan , Indramayu ini rata-rata didatangi 2.000 – 2.500 pengunjung per harinya. Menjelang Lebaran tahun ini saja pengunjung yang datang bisa mencapai 6.000 orang. 

Ani Isriani (40), karyawan administrasi RSU Indramayu, mengaku datang ke Toserba ini karena membelikan pakaian untuk  putrinya. Hari Raya Idul Fitri telah menjadi kebiasaan baginya untuk membeli pakaian baru. Namun, pada Lebaran kali ini hanya anak-anaknya yang dibelikan pakaian baru. “Disesuaikan anggaran, yang penting anak-anak dulu,” ungkapnya.

Hj Saroh (55), pemilik toko Busana Harapan di Pasar Bangkir, mengaku bahwa penjualan tokonya meningkat dibanding hari-hari biasa. Normalnya, dalam sehari Saroh bisa mendapatkan omzet sebesar Rp 200.000. Namun, menjelang Lebaran dia bisa meraup omzet hingga Rp 10 juta sehari.***

Sumber KOMPAS

DI Desa Randobawailir Kacamatan Mandirancan aya bedug buhun. Disebut bedug buhun teh pedah dijieuna taun 1802 jeung kacutat dina kaina. Samalah ditulisan make aksara, mirip aksara cacarakan meunang mahat. Bedug buhun teh panjangnya kurang leuwih dua satengah meter jeung lebar atawa diameterna kira-kira 90 centimeter.

Bedug teh ditempatkeunana lain dijero bale desa atawa di masjid tapi di luar, atawa digigireun bale desa Randobawailir. Ditiungan ku asbes, teu make pipinding atawa plastik sangkan teu kahujananginkeun. Sigana lamun hujan bedug teh kasawer ku cai hujan. Pon kitu deui mangsa halodo, tangtuna kasorot panonpoe. Eta hal bisa ngabalukarkeun ruksana bedug.

“Di simpena bedug di luar, sanes di rohangan bale desa atanapi di masjid teh ti jaman gorombolan keneh tos di dinya (gigireun bale desa-red). Ari taun sabaraha nu jinekna sim kuring oge teu terang, kusbaba kirang nengetan,” ceuk Agus Yudad (85) warga RT 4/2 Dusun Pon Desa Randobawailir, oge kokolot di eta lembur. Basa ditepungan di tempat nganjrekna.

Agus Yudad nuluykeun caritaanana, “Di simpena di luar teh sanes masarakat di dieu henteu ngarumat kana titinggal karuhun. Sanes teu hoyong, ngamumule ku cara di tempatkeun di hiji rohangan atawa rada merenah sangkan teu gancang resakna. Kusabab geus ti kapungkurna bedug eta disimpena di luar, nya masarakat oge henteu kumawani mindahkeun,” pokna.

Sakanyahona Agus Yudad, boh tulisan atawa hurup taun nu dipahatkeun kana kayu bedug teu apaleun saha-sahana nu nuliskeun. Pon kitu deui naon hartina tulisan eta, kusabab dirina teu ngarti hurup cacarakan. Kulantaran ti baheulana geus aya tulisan jeung hurup tauna. Tapi nurutkeun carita kolot baheula nu kungsi kareungeu ku dirina, yen bedug buhun teh miboga carita.

Carita nu masih napel keneh nepi ka kiwari nyaeta, badug teh dijieunna ku Wali Sanga, hususna Sunan Gunung Djati. Mangsa taun sakituan, mangsana harenghengna di Nusa Jawi. Kulantaran Bangsa Belanda jeung Portugis geus nerekab, ngagalaksak ka unggal daerah nu niatna lain bae ngadon dagang tapi rek ngajajah Nusa Jawi. Antukna parawali ngarasa hareudang.

“Rea daerah nu geus jadi panaklukan Belanda. Pikeun ngungkulan pasualan eta, parawali ngayakeun perundingan atawa balagempagan nu tempatna di Gunung Ciremai. Tempat balagempaganana nepi kaayeuna aya keneh, disebutna teh batu lempar, tonggoheun lelewek kuburan kuda. Duka hasil tina balagempagan teh naon, sim kuring oge teu kungsi kacaritaan,” ceuk Agus Yudad bari tetep nyekelan kitab kuning.

Samulangna ti Gunung Ciremai, sambung Agus Yudad, sigana rek nuluykeun lalampahanana ka Cirebon. Parawali teh ngaliwat ka daerah Randobawailir. Nepi ka lembur, mangsana solat lohor. Atuh aranjeuna sarolat heula. Ngan sigana parawali miboga pamikiran, moal enya solatnya ngan ukur salapan urangna? Sedengkeun masarakat di eta kampung henteu marilu solat. Antukna, Sunan Gunung Djati nyieun bedug.

Rengse nyieun bedug di tema ku solat berjamaah jeung masarakat di eta lelewek. Satutasna di Islamkeun heula, kusabab masarakat harita tacan sagemblengna ngagem agama Islam. Bedug eta dipasrahkeun ka Eyang Nata, salah saurang kokolot lembur. Samalah anjeuna nu ngabak-babak Desa Randobawailir. Ti harita mah bedug teh bisa disebutkeun dikaramatkeun ku masarakat.

“Disebutkeun bedug teh henteu siga jaman ayeuna garede. Tapi ieu mah ngan ukur panjangna dua satengah meter jeung lebarna aya kana salapan puluh centimeter. Ukurana teh leutik pisan. Tapi lamun di tabeuh sorana tarik pisan. Saumpamana urang ti lembur aya kana tujuh kilo meter anggangna. Tuluy bedug eta ditabeuh da kareungeu keneh,” pokna.

Baheula, cek Agus Yudad, mangsa jaman gorombolan. Seug lamun rek ngabejaan masarakat sangkan tarapti atawa nyamuni sangkan teu katohyan. Tuluy bae nabeuh bedug, ku masarakat sababaraha lembur siga Desa Randobawagirang, Randobawailir, Gunungsari mah kareungeu. Nepi ka kiwari, bedug teh tacan kungsi ganti kulit bedugna. Dalah kaina oge angger bae teu keuna ku toko atawa rinyuh.

“Kiwari mah bedug teh tara ditabeuh unggal waktu solat. Ditabeuhna teh sataun sakali, mangsa bulan Mulud. Nu nabeuhna oge teu sagawayah jeung teu ku saha bae, tapi ku salah saurang kaom. Maksud nu disebutkeun salah saurang kaom teh nyaeta hiji jalma nu dianggap kokolot atawa ku nu ahli agama. Salia ti eta arang langka masarakat kumawani nabeuh, komo deui ngaruksak mah,” tandesna.***

maman-mezique-jer.jpg

NYARITAKEUN Lembaga Swadaya Masarakat Aktivitas Anak Rimba (LSM-AKAR) Kabupaten Kuningan, teu leupas tina sosok Maman “Mezique” Supratman atawa leuwih dipiwanoh Maman Mezique, pon kitu deui sabalikna. Bisa disebutkeun inyana teh tokoh sentral di Akar mah, lantaran ti mimiti diadegkeun 16 taun ka tukang tug nepi ka kiwari identitasna teu robah.

Identitas Akar nu teu leungit ti baheula, nyeta Akar mah tetep tigin kana urusan lingkungan hirup jeung teu ngagumantung ka Pemkab Kuningan dina sagala widangna, komo deui bari pupulitikan siga organisasi liana, sigana keur Akar mah nu kararitu teh dipahing pisan. Eta meureun nu disebutkeun kamandirian hiji LSM.

Contona bae, taun 2000-an, keur meumeujeuhna organisasi nu sarupa tumuwuh di Kuningan, siga supa mangsa rendeng pahibut marenta proyek ka Pemkab Kuningan, alesanana pikeun pemberdayaan masarakat jeung ngalaksanakeun konservasi, sangkan leuweung hejo lembok deui. Tapi geuning kiwari tara kareungeu deui ketakna? Sedengkeun Akar mah tetep adem ayem, teu pipiluan cara samodel kitu.

Kajeun rea nu ngakukeun anggota Akar, tapi rea deui nu ngaralat yen eta mah urusan pribadina lain atas nama lembaga. LSM Akar mah tara kabawa ku sakaba-kaba, eta hal teu leupas ti perana Maman Mezique. Inyana lain bae mere warna mandiri, mibanda pangaruh nu teu bisa disebutkeun leutik. Memang pribadi Maman Mezique siga carang takon, atawa tara mere komentar ngenaan lingkungan hirup boh di media cetak atawa elektronik.

Samalah lamun dina kegiatan nu dilaksanakeun ku Akar atawa gawe bareng jeung nu Pemkab, Perhutani atawa organisasi Penyinta Alam (PA) sejena, saumpama dipenta kateranganana tuluy bae nyuruh ka nu sejen. Seg ditanya kunaon tara mere komentar? Jawabna teh pondok pisan, “Era, lah ka nu lian bae, da sarua bae,” pokna.

Basa dipenta rek dipigurakeun dina Galura oge, rada keder lantaran pasti moal daekeun. Tapi untungna kapanggih heula jeung Joko, Anggota Akar atawa sok disebut Masjo basa keur ngawancara barudak band nu kapilih keur ngawakilan Kabupaten Kuningan ka Bandung na acara Road to Merdeka di Castel Rock. Nitip bae pesen sangkan daek ngentrukeun pamanggihna ngenaan aktifitas LSM Akar jeung pamikiranana kana lingkungan hirup.

Teu hese neangan Maman Mezique mah, da unggal poe sok aya bae di sekretariatna di Jalan Ahmad Yani Kuningan. Geus kapanggih mah tuluy bae ngawangkong ngaler ngidul tapi barang asup kana wangkongan materi, inyana menta dibaturan ka Albert “Ahew” jeung Avo Juhartono. “Menta dibaturan teh teu ludeng, ngawangkong jeung wartawan mah,” pokna di tungtungan ku ngaheheh.

Cek Maman Mezique satuluyna, “Nya apan nu biasa nyarita dina koran mah mun teu Albert nya Avo lantaran boga kaahlian keur nepikeun materi boh ka masarakat atawa ka pamarentahan. Ari kuring mah teu bisa, nyarita jeung nu kararitu mah. Batan nyarita jeung nu kararitu leuwih hade digawe. Sigana mah eta nu matak Akar tetep ajeg nepi ka ayeuna, da kuring mah lain tipe psywar. Ka barudak oge nyarekan teh cukup nyokot sugu atawa peso raut tuluy bae barang jieun,” pokna.

Salian ti eta, cek Mezique, ka anggotana tara baranggeureuh atawa paparentah. Kusabab geus garede, komo deui Akar teu bisa ngagajih atawa barang bere keur kasejahteraanana. Ari dibawa gawe mah, nu hulang-huleng, nu ngan ukur cacarita taya guna, nya lamun teu era cicing bae. mun seug boga kaera pasti milu macakal. Nu bisa di pigawe mah, dipigawe.

“Nu matak kuring mah mawa barudak teh lain ku caritaan tapi ku gawe. Susuganan ari dibawa gawe mah leuwih ngarti keur ngama’naan diri sorangan atawa visi, misi LSM Akar nungajeblag dina motona. Tersembunyi bukan tak berarti, terbenam bukan karena karam, merambat bukan untuk terlambat,” cek Maman Mezique.

Tanya jawab Responden jeung Maman “Mezique” Supratman

Tanya :

Kumaha jujutanana LSM Akar tiasa ngadeg dugi ka danget ayeuna?

Jawab :

LSM Akar teh ngadegna ti taun 1990, lengkepna mah tanggal 18, bulan Nopember, nya lamun diitung mah geus aya kana 16 tauna umurna teh. Lamun dipapadekeun ka jelma mah geus nincak rumaja, keur memeujeuhna buta tulang buta daging. Hayang sagala nyaho tapi meureun sikepna tacan dewasa keneh. (Mezique, bari ngaheheh)

Salajeungna?

Keur taun 1990-an, kuring saparakanca nyieun program nyaeta ngayakeun gerakan sapu gunung (GSG). Tujuanana keur ngamersihan runtah nu aya di jalur pendakian ka Gunung Ciremai, boh dijalur pendakian Palutungan atawa Linggarjati. Kagiatan eta meunang respon ti Bupati Kuningan, keur mangsa kalungguhanana di cepeng ku Subandi. Anjeuna nyarita, tina kapanitiaan GSG ulah dibubarkeun, lamun tiasa dijadikeun hiji organisasi.

Kuring saparakanca satekah polah ngalaksanakeun caritaan pak Bupati. Antukna ngayakeun gempungan deui. Walhasil tina gempungan eta, mutuskeun kudu aya organisasi Penyinta Alam (PA). Keur mah naek gunung geus jadi karesep, katurug-turug meunang pangdeudeul atuh prung bae ngadegkeun organisasi nu disebut Aktifitas Anak Rimba, disingget jadi Akar.

Teu kapikir samemehna mah, rek naon ngadegkeun hiji organisasi nu ngokolakeun urusan leuweung? Lantaran ti anggalna ngan ngagugulung karesep bae, antukna Gunung Ciremai teh jadi tempat pangulinan. Cek paribasa lamun geus di gunung tara inget hayang balik ka imah. Di gunungna mah, nya ningalian manuk, tatangkalan jeung ngapalkeun kaayaan geografina.

Tina karesep eta, naon deui nu dipilampah?

Kulantaran leuweung teh jadi tempat pangulinan. Ti dinya beuki ka pikir, moal enya tempat ulin barala ku runtah? Atuh teu matak dipikabetah. Tinimbang runtah di luhur gunung teh diantep karep, nya diberesihan bae. Meresihan runtah teh lain beuki ngurangan si runtahna teh tapi sakalah ngareaan. Nya antukna boga pamikiran salian meresihan runtah teh, nu naraek gunung kudu dibekelan kasadaran, ulah micen runtah nu dibawana padu bae, tapi lamun bisa dibawa deui ka handap.

Ti dinya mah, Akar mibanda pungsi ganda. Ka hiji kumaha carana sangkan gunung teu ruksak alatan runtah unorganik. Ka dua, kumaha carana sangkan nu nareak gunung mibanda kasadaran pikeun miara tur ngamumule leuweung salaku tempat kaulinan nu nyugemakeun. Dua peran eta dilaksanakeun ku cara gawe jeung pendekatan sacara persuasif.

Kumaha kaayan flora jeung fauna Gunung Ciremai mangsa harita?

Mangsa harita, kaayaan Gunung Ciremai geus pikawatireun. Kumaha teu rek disebutkeun kitu? Manuk-manuk leuweung siga ekek, walik, japati leuweung jeung rangkong geus tumpur alatan di bedilan jeung diheurap keur ingueun atawa jualeun. Pon kitu deui tatangkalan ditaluaran jeung diturihan kulitna ku peso atawa bedog. Gunung Ciremai nu samemehna rembet ku kakayon jeung tatangkalan pating jungkiring sagede-gede munding bet salin jinis jadi pahumaan.

Ruksakna Ciremai keur harita memang tacan parna siga ayeuna. Kiwari mah parnana teh sigana, lamun dina kangker mah geus keuna kana stadium dua. Kari nunggu dawuh bae. Ruksakna teh lain alatan ku nu sok naek gunung tapi ku pausahaan jeung kawijakan pamarentah. Siga nu aya di lelewek Desa Satianegara Kacamatan Cilimus, Desa Cibuntu Kacamatan Mandirancan, jeung daerah lianna apan ruksakna teh ku pausahaan galian C. Kitu deui nu aya di lelewek Gegerhalang, nepi ka kiwari rebuan hektar leuweung pinus jadi tempat tatanen.

Salian ti eta, remena gunung Ciremai kahuruan, hususna di wilayah Kacamatan Mandirancan, Pasawahan jeung Cilimus mangrupakeun salah sahiji wanda karusakan nu teu bisa disebutkeun leutik, jaba kahuruan teh sok lumangsung teh ampir unggal taun.

Keur ngungkulan pasualan eta, Akar gaduh tarekah naon?

Di interen Akar, Akar geus boga mekanisme nu kudu dijalankeun ku para anggotana. Kunaon kudu? Lantaran sing saha bae nu sacara sukarela jadi anggota Akar, dina copelna kudu mibanda rasa jeung rumasa kana urusan leuweung, lain sabalikna. Dumasar pamikiran eta, anggota Akar kudu migawe program-programna, jeung teu kudu ngagumantung ka Pemkab Kuningan.

Geus boga rencana mah kudu dilaksanakeun, sual hasil jeung henteuna mah gumantung waktu. Conto nu leutikna, ngayakeun program kali bersih nu dilaksanakeun di leuwi Citamba. Ngalaksanakeun rehabilitasi lahan urut kahuruan jeung sabudeureun cai nyusu di Palutungan katut Cigowong. Ngayakeun panalungtikan jeung ngadata flora, fauna katut kawasan konservasi di Kacamatan Subang jeung rea-rea deui.

Sabenerna mah geus rea nu dilaksanakeun ku Akar teh, ngan arang langka di embarkeun na surat kabar. Lain teu hayang dijieun reportase, namung geus kabiasaan di Akar tara ucah-aceh, komo deui disebut goong nabeuh maneh mah asana teh era pisan. Nu penting mah kumaha carana berbuat keur karaharjaan leuweung. Da ngurus leuweung mah lain ngan ukur ku carita tampna bukur, tapi kudu jeung prakna.

Salian ti eta naon deui?

Salian ti migawe sacara langsung ka lapangan, Akar oge ngalaksanakeun pembinaan ka barudak PA. Salila ieu, PA nu kungsi meunang pangrojong ti Akar aya kana 30 kolompok nu sumebar di sakola-sakola. Jumlah eta teh tacan kaitung PA nu dikokolakeun ku karang taruna. Ngayakeun lomba lintas lembah Ciremai, operasi SAR Gunung Ciremai, pagelaran musik, wayang golek nu temana lingkungan hidup jeung rea-rea deui.

Lain eta bae nu dipigawe ku Akar teh. Diantarana ngayakeun panalungtikan hulu daerah aliran sungai (DAS) Cisanggarung, pendampingan masarakat ngokolakeun leuweung jeung cadangan pangan di Kabupaten Kuningan. Pendampingan nyieun kebon bibit desa di Desa Paniis, milu ngaropea organisasi kolompok tani jeung leuweung rahayat di Desa/Kacamatan Cilebak, Desa Citundun Kacamatan Ciwaru, Desa Sayana Kacamatan Cilimus jeung Desa Bangunjaya.

 Tiasa dijentrekeun, maksadna henteu ngagumantung ka Pemkab?

Kieu nya, kagiatan nu dilaksanakeun ku Akar henteu teuing ngagumantung ka pihak sejen boh dina danana atawa gagasanana. Cek basa kasarna mah barudak Akar mah keur miara leuweung teh lain dina proposal. Hartina, saeutik-saeutik nyieun proposal ka Pemkab atawa ka Perhutani KPH Kuningan, lain eta nu diteangan ku Akar mah tapi kumaha cara sangkan rencana nu diajangkeun bisa kalakonan.

Naha eta aya pangbagea ti Pemkab atawa Perhutani baeu henteu oge teu nanaon, eta oge teu keukeureuweut komo deui ajol-ajolan. Tina saratus persen kagiatan nu dilaksanakeun ku Akar dibiayaan ku organisasi lain ku Pemkab atawa Perhutani. Siga ngalaksanakeun operasi meresihan Gunung Ciremai jeung operasi meresihan Waduk Darma.

Kitu deui ngayakeun reboisasi di di sabudeureun cai nyusu di Desa Singkup Kacamatan Pancalang jeung Kalurahan Sidapurna Kacamatan Kuningan teu kongsi ngasong-ngasongkeun proposal ka Pemkab Kuningan. Salila ngalaksanakeun program organisasi masih bisa kadada-kaduga mah teu perelu menta biaya ka nu sejen.

Naha eta teh tiasa disebatkeun prinsip Akar?

Bisa disebutkeun bener, bisa oge henteu?

Kunaon margina?

Kieu nya, Akar mah saha bae nu menta bantuan pikiran boh tanaga pasti dibantuan tapi lamun teu daek ngabantuan Akar oge teu nanaon. Lantaran hirupna organisasi mah lain ku batur tapi ku anggotana.

Contona?

Salian ti ngalaksanakeun pagawean, hususna keur lingkungan hirup. Tina pagawean eta teu bisa dilaksanakeun kabeh ku Akar. Contona, saumpamana leuweung ruksakna leuwih parna satutasna diutang-itung, alatana teh tina kawijakan. Tah eta mah teu bisa langsung ku Akar tapi kudu ku pamarentah atawa instansi terkait. Akar mah ngan ukur bongbolongan, sedengkeun kaputusanana aya di pamarentah.

Conto sejena, kuring saparakanca keur taun 2000-an, nimukeun pasualan rahayat di sabudeureun teu bisa ngokolakeun leuweung komo deui hasilna teu ngasaan pisan. Saumpamana dina maksakeun, rahayat sina ngokolakeun apan disebutna teh tukang maling atawa jalma nu teu nyaho dipalaturan. Dumasar eta hal, kuring saparakanca ngayakeun rempugan jeung pihak Perhutani lantaran leuweung produktif bogana Perhutani,

Tina rempugan eta, Akar mere bongbolongan, kumaha lamun nyieun organisasi nu bisa nyiptakeun dua beulah pihakanana ngarasa diuntungkeun? Dua pihak satuju antukna nyieun perjanjian yen leuweung bisa dikokolakeun ku masarakat sacara PHBM (pengelolaan hutan bersama masarakat).

Kumaha pamendak Akar, cara ngokolakeun leuweung  nu  ideal?

Ngamangpaatkeun lingkungan hirup nu hade, bakal aya tapakna jeung karasa leuwih mangpaat ka masarakat.

Disebat hade, maksadna?

Leuweung lamun dikokolakeun sacara konservatif salauyu jeung pungsi-pungsina, tangtuna bakal nyugemakeun. Lain sabalikna, ngokolakeun leuweung teh teu saluyu jeung pungsina. Lamun saluyu mah pungsi konservasi cai tetep pungsina, pon kitu deui pungsi taneuh, pungsi tatangkalan, pungsi leuweung tutupan jeung leuweung bukaan.

Pungsi-pungsi eta, di Kabupaten Kuningan tacan jadi udagan boh pikeun kahareupna atawa jaga ning geto. Reana kawijakan nu ngan ukur saayeunaeun bae, kalan-kalan teu ningali heula untung rugina. Conto basajana. Pungsi Gunung Ciremai nu samemehna leuweung tutupan jeung milik Pemkab Kuningan, sakalah statusna dijadikeun taman nasional.

Kangaranan taman nasional tangtuna lain milik Pemkab atawa masarakat Kuningan deui tapi geus milik Pamarentah Pusat. Lamun geus jadi milik Pamarentah Pusat, tangtuna resiko nu bakal ditanggung nya leupasna aset daerah. Siga cai, salila ieu Kabupaten Kuningan tukang ngaeskpor cai ka Kabupaten/Kota Cirebon. Ari geus jadi taman nasional mah kahareupna lain deui milik Kabupaten Kuningan tapi milik pengelola Taman Nasional Gunung Ciremai (TNGC) nu dipasrahkeun ka Badan Konservasi Sumber Daya Alam (BKSDA) Jawa Barat.

 Tiasa dijelaskeun kaayaan TNGC kiwari?

Tah kiwari statusna TNGC tacan aya kajelasan lantaran pihak KPH Perhutani Kuningan geus ngarasa teu boga hak deui pikeun ngokolakeun leuweung Gunung Ciremai, sedengkeun BKSDA tacan siap. Antukna kaayan Gunung Ciremai matak pikahariwangeun lantaran taya deui nu ngurus. Masa transisi ieu, bisa oge dimangpaatkeun deui ku pihak-pihak nu ngan ukur hayang meunang untung tina enteng. Buktina, tacan aya tindakan nanaon ka oknum nu ngabukbak leuweung pines jadi pahumaan di daerah Gegerhalang. 

Padahal lamun ditingali tina karuksakan leuweung lain saeutik-eutik geus nepi ka rebuan hektar nu ruksak parna. Salian ti eta, aya pasualan nu tacan aya bule hideungna, diantarana bae pihak Pemkab Kuningan menta daerah pamandian Cibulan jeung leuweung pines disabudeureunana ulah diasupkeun ka zona leuweung tutupan tapi milik Pemkab. Kitu deui objek wisata Talaga Reumis di Kacamatan Pasawahan jeung daerah-daerah sejen nu masih ka asup zona leuweung tutupan atawa TNGC.

Naon nu dianggap prinsip keur ngokolakeun leuweung?

Ngurus leuweung teh kudu ku sarerea. Maksduna sakumna elemen masarakat, lantaran dibutuhkeun pamikiran-pamikiran nu daria. Yen leuweung teh penting, wayahna bae kudu dirumat jeung dimumule. Pamikiran eta kudu aya di sakumna masarakat nu dilarapkeun sapopoena. Eta hal bisa disebutkeun kasadaran. Numuwuhkeun kasadaran teh hese, enya keur dicaritaan atawa diobrolan mah ngarti tapi dina prak-prakana kumaha?

Conto leutikna, runtah nu aya di jalur pendakian unggal tauna mingkin nambahan. Keur taun 1990, runtah ti gunung teh aya kana 90 karungna atawa 9 kintal, lamun sakarungna 10 kg. Taun 1991 undak jadi 105 karung, taun 1992 undak deui jadi 115 karung. Tah taun 2003 pangreana nepi ka 315 karung. Naha eta teh geus tumuwuh kasadaran masarakat?

Kasadaran leuwih penting ti batan retorika naon bae. Conto lianna, meresihan leuwi Citamba lain sakali dua kali tapi ampir unggal taun. Naha geuning nu miceun runtah angger kana leuwi, pon kitu deui kokotor nu ngandung rancun oge ka dinya. Cek panalungtikan Akar, leuwi Citamba kacemaranana leuwih ti ambang batas nepi ka 35 persen. Ngurus leuweung mah ulah siga dokter ngan ukur bisa mindahkeun nyeri huntu kana suku.

Aya nu lepat kitu dina ngalarapkeun kawijakan?

Sabenerna mah teu aya nu salah dina pasualan kawijakan, ngan kawijakan Pemkab Kuningan dina ngalarapkeunana siga cul dogdog tinggal igel. Leuwih mentingkeun seremonial, sedengkeun nu dpikabutuh keur kamakmuran leuweung lain ngan ukur seremonialna tapi bisa lumangsung sacara kasinambungan.

Seug ningali kana konsep program Pemkab Kuningan rea nu hade, ngan nya kitu, impelementasina kadang teu saluyu jeung gumebyarna . contona bae, aya program ayo bersihkan kota Kuningan. Program eta hade, da samemehna oge geus aya nyaeta program Kuningan Asri. Asana teh eta-eta keneh eusi-eusina mah ngan beda ngaran bae. tina program eta naon hasilna keur kalumangsungan lingkungan hirup?

Nu katangen mah runtah tetep bae ngahunyud unggal juru, kitu deui leuwi Citamba teu caina teu daek herang. Pon kitu deui leuweung tutupan nu aya di wilayah Kabupaten Kuningan, apan rereana mah geus salin jinis. Tingali bae, daerah nu remen keuna taneuh urug, siga Kacamatan Cilebak, Subang, Selajambe jeung Ciwaru apan leuweungna geus jadi kebon kopi.

Pon kitu deui, di daerah Kacamatan Cibingbin leuweungna geus parna. Komo deui geus diuar-uar yen Kabupaten Kuningan bakal dijadikeun daerah konservasi. Naha geuning uar-uar eta ngan ukur keur aya menteri atawa gubernur bae? Sedengkeun dina prak-prakanana tacan katangen. Kitu deui ngagede-gedekeun kebon raya di lahan nu dihibahkeun ku Drs. H. Mashud Wisnusaptura nu aya di Desa Padabeunghar Kacamatan Pasawahan.

Kuanon nepi ka ayeuna tacan aya kelemengna keneh, padahal konsep eta geus dianggap hade, kajun teu ngalaksanakeun panalungtikan nu gemet. Lantaran nu dihawatirkeun tatangkalan nu import ti daerah sejen atawa disebut vegetasi anyar, tacan tangtu bakal hirup di habitat anyar. Sacara konseptual, sakududna mah nu bakal dipelak di kebon raya teh asal tatangkalanana ti daerahna.

Tarekah samodel kumaha sangkan masarakat sadar kana lingkungan hirup, numutkeun pamendak Akar?

Numuwuhkeun kasadaran masarakat keur ngarumat leuweung kudu ngaliwatan pendidikan. Pendidikana mah tiasa formal atawa nonformal. Lamun pendidikan formal ngaliwatan sakola-sakola, tiasa tina pangajaran muatan lokal atawa dipihapekeun ka mata pelajaran biologi, fisika, geografi, jeung elmu bumi dan antariksa.

Sedengkeun pendidikan nonformal nyaeta pendidikan luar sekolah (PLS). PLS mah teu kaiket ku umur, waktu jeung tempat. Bisa jalma kolot, budak waktuna bisa sore, beurang, isuk atawa peuting kumaha singgetna. Pon  kitu deui tempat, bisa di imah, bale desa, saung atawa ngampar samak di pakarangan.

Siga nu diterapkeun ki Akar ayeuna, ngalaksanakeun pendidikan luar sakola tempatna di Desa Kasturi Kacamatan Karamatmulya. Pendidikan eta dibeayaan ku Akar, teu ngandelkeun subsidi ti pamarentah. Dibeayaan ku organisasi teh lain pendah Akar geus jugala dina materi, tapi barudak anggota Akar sacara sukarela mere pangajaran. Pangajarana mah teu pira, cukup ku baca, nulis jeung ngitung (Calistung) tapi di jerona diajarkeun sangkan sadar kana lingkungan hirup, minimal di lingkungan maranehanana nganjrek.***

Sumber Koran Galura

Biodata

No. Anggota Akar        : A. 001.001A

Nama                          : Maman Supratman

Nama Landihan          : Mezique

Tempat/Tgl. Lahir         : Kuningan, 11 Pebruari 1965

Agama                        : Islam

Pendidikan                  :  -  SD Kalapagunung 1977

-     SMP Negeri Cilimus, 1981

-     SMU Negeri 2 Kuningan, 1985

Nama Istri                    : Nina Herlina

Pengalaman Organisasi            :   Pendiri LSM Akar

Alamat  Rumah                    :   Jl. Kuningan – Ciamis, Desa Sakerta Barat Kacamatan Darma

Alamat Sekretariat LSM Akar : Jl. Ahmad Yani – Cipicung Kelurahan/Kecamatan Kuningan Kabupaten Kuningan

Prestasi atau Anugerah yang diperoleh LSM Akar

1. Tahun 1991              : Pemuda Pelopor Bidang Lingkungan Hidup dari Bupati Kuningan

2. Tahun 1992              : Pemuda Pelopor Bidang Lingkungan Hidup dari Gubernur Jawa Barat

3. Tahun 1993              : Juara I Stand Pameran Pembangunan dari Bupati Kuningan

4. Tahun 1994              : Penyelamat dan Pengabdi Lingkungan dari Bupati Kuningan

5. Tahun 1995              : Penyelamat dan Pengabdi Lingkungan dari Bupati Kuningan

6. Tahun 1996              : Juara III Lomba Kelompok Pecinta Alam (KPA) dari Gubernur Jawa Barat.

7. Tahun 1997              : Lomba Kelompok Pecinta Alam (KPA) dari Gubernur Jawa Barat

8. Tahun 1998              : Kalpataru Bidang Penyelamat Lingkungan dari Bupati Kuningan

9. Tahun 1998         : Kalpataru Bidang Penyelamat Lingkungan dari Gubernur Jawa Barat.

10. Tahun 1999        : Kalpataru Bidang Penyelamat Lingkungan dari Menteri Lingkungan Hidup RI.

11. Tahun 2001     : Rehabilitiasi Lahan Paska Kebakaran Gunung Ciremai dari Bupati Kuningan

12. Tahun 2004            : Penyelamat Lingkungan dari Bupati Kuningan

I.K.L.A.N

Citizen Journalism

Warta Desa DIHADIRKAN SEBAGAI CITIZEN JOURNALISM. SIAPA PUN BERHAK UNTUK MENGIRIMKAN INFORMASI UNTUK DIJADIKAN BERITA. NAMUN TERLEBIH DAHULU MENDAPAT PERSETUJUAN REDAKSI.

Arsip

a

 

Oktober 2007
S S R K J S M
« Sep   Nov »
1234567
891011121314
15161718192021
22232425262728
293031