You are currently browsing the daily archive for September 26th, 2007.
=============================================
Talaga Reumis, nu perenahna di Desa Kaduela Kacamatan Pasawahan Kabupaten Kuningan kawasna geus teu birek deui keur masarakar di Kab/Kota Cirebon, Majalengka jeung Indramayu. Dalah ti Sumedang, Bandung jeung Kab. Brebes atawa Tegal sok nyejakeun datang, ngadon pakansi di eta lelewek. Komo mangsa liburan, kawas poe minggu, idul fitri, idul adha atawa liburan sakola jalma teh mani ngaleut ngabandaleut. Teu sirikna heurin usik teh lain bobohongan. Ti jalan nu muru Talaga Reumis, nepi ka lokasi sok padedet ku mobil jeung motor. Boh nu rek asup atawa ka luar objek wisata. Memang teu aneh, lamun Talaga Reumis pada ngadeugdeug. Boh ti suklakna atawa ti siklukna sabab patempatanana matak pikabetaheun. Hawana tiis, tatangkalan pines paselang jeung kiara rada buni keneh. Di tengah-tengah objek wisata, aya talaga rada ngahunyur panjangna kira-kira saratus salawe meter. Sedengkeun lebarna kurang leuwih salapan puluh meteran.Saumpamana urang diuk di Talaga Reumis bari ngumbar paninengan, karasa wararas. Eta hal kungsi ditepikeun dina rumapaka lagu menang nga-aransemen Nano S. Nu matak teu aneh, nu daratang teh rereana kaom rumaja. Anu keur sumedeng mangkak, ku asmara. “Tempatna memang romantis,” ceuk Eva Widiyanti (27) salah saurang pengunjung nu asalna ti Kacamatan Ciawigebang.Sapaliwatan mah taya nu aneh, di Talaga Reumis teh. Kawas objek wisata di daerah sejena. Tapi seug ditengetan leuwih gemet, Talaga Reumis memang rada mahiwal. Sakuriling bungkingna teh bisa disebutkeun leuweung batu. Anehna deui, tangkal pines atawa kiara tumuwuhna di luhureun batu. Lain dina taneuh. Jenis batuna mah teu beda jauh jeung nu aya di Kacamatan Cigugur, batu mayasih.Sair (28) warga Desa Kaduela nyebutkeun yen pasir nu sapunggungan jeung Talaga Reumis kaasup tepis wiring Gunung Cireme. Ti mimiti Desa Padabeunghar Kacamatan Pasawahan keneh, kaasup leuweung batu. Ngan batuna rada beda jeung nu aya di Talaga Reumis. Ari di Padabeunghar mah kaasup batu kali. Nu kiwari tempatna ku Pemkab Kuningan rek dijieun kebon raya.Nu matak teu aneh, lamun kakayona di lelewek eta kebeuleum unggal taun mangsa halodo entak-entakan. Lamun ditingali ti Cirebon ngagelemeng hideung. Atuda kasebutna kakayon jadi gampang kabeuleum. Keur mah batuna kasorot panonpoe, lamun panas teuing sok ngaluarkeun seuneu. Tapi ti Padabeunghar ka lebak (Talaga Reumis-red) arang langka kahuruan. Kajeun sakumaha ngabeletrakna oge. Padahal sarua keneh, leuweung batu nu rembet kakayon. Memang lamun di tingali ti Desa Padabeunghar, Talaga Reumis teh, ngan saguliwek nu pinuh ka tangkal pines. Sedengkeun sabudeureunana kaasup savana (kebon jukut). Tempatna gahgar, asa musthil lamun aya cai. Komo mun di tengah-tengahna aya talaga, asana teh teu asup akal. Rek ti mana aya caina?Memang di Desa Kaduelana mah aya cai, samalah aya balong dalem sagala. Mirip jeung nu di Cibulan. Ceuk kapercayaan masarakat di eta lelewek, situna meunang nyieun Rama Haji Irengan. Nu kawentar nyieun tujuh balong dalem dina sapeuting. Diantarana balong dalem Darmaloka, Cigugur, Ragawacana ka ereh ka Kacamatan Karamatmulya, Jalaksana, jeung Cibulan di Kacamatan Jalaksana.Asna, salah saurang patugas Perhutani Jawa Barat nu ditugaskeun di Talaga Reumis nyebutkeun. Memang teu asup akal, di tempat gahgar, samodel di Talaga Reumis aya talagaan. Jeungna deui, cai dina talaga tacan kungsi orot mangsa katiga entak-entakan. Pon kitu deui mangsa rendeng, caina teu ngareaan nepi ka leber. Ti baheulana nepi ka kiwari debit caina teu ngurangan atawa ngaleuwihan.“Samemehna mah kuring oge teu ngarti. Ngan lila-lia, rea kokolot lembur boh nu aya di Kaduela atawa di Desa Cisaat Kabupaten Cirebon (daerah tapel wates Kuningan-Cirebon-red) nyarita ka kuring. Yen Talaga Reumis teh dijieuna ku Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran,” ceuk Asna.Sambung Asna, mangsa Prabu Siliwangi atawa Sri Baduga Maharaja, Prabu Niskala Wastu Kancana masih nanjung, remen ka Talaga Reumis. Niatna ngadon tatapa atawa titirah di leuweung batu. Kajeun disebutna leuweung batu tapi tempatna matak pikabetaheun. Salian ngadon titirah, anjeuna sakaligus ngontrol daerah kakawasaanana. Atawa ngahajakeun nepungan dulur-dulurna nu aya di Cirebon jeung Kuningan.Diantarana bae nepungan kapi uwana, nya eta Bratalegawa atawa Haji Purwa (adi beuteungna Prabu Maharaja Linggabuwanawisesa nu palastra dina perang bubat. Anjeuna nu mimiti ngagem agama Islam di Karajaan Galuh tur leuwih milih jadi sudagar tinimbang ngurus karajaan) jeung Ki Gedeng Kasmaya (kuwu munggaran di Cirebon. Kiwari disebutna Embah Kuwu Cirebon Girang atawa Embah Kuwu Sangkan-red) nu ngalelemah Nagari Caruban (Cirebon-red).Samemehna, ceuk Asna, di lelewek eta taya talaga. Nu aya teh leuweung batu bae. Mangsa harita, Prabu Siliwangi ngarasa hanaang satutasna tapa. Kulantaran taya cai, kapaksa anjeuna mulungan cai nu aya dina dangdaunan jeung jujukutan. Kucara ditekoran ku daun cau. Geus sababaraha rintakan, nekoran caina, aya sesa cai. Tah sesa cai eta dialungkeun kana sela-sela batu bari dibasaan.
“Lamun ayeuna mah basana teh kieu, eta cai reumis nu urut nulungan kaula, jaga ning geto baris ngalengkob jadi talaga. Anu pada ngadeugdeug ti mana mendi. Tah duka kumaha mimitina, kuring oge teu pati apal. Ujug-ujug cai reumis nu teu kaarah teh jadi sungapan. Nepi ngalengkob jadi talaga, kawas kiwari. Lantaran aya basa yen talaga teh sungapan caina tina reumis nya antukna disebut Talaga Reumis,” pokna.***
(sumber Koran Sunda Galura)
Petani tembakau di Kecamatan Lebakwangi dan Maleber, Kab. Kuningan akan memperoleh kucuran dana dari Dinas Kehutanan dan Perkebunan (Hutbun) Kuningan sebagai upaya peningkatan produksi serta mutu tembakau yang mempunyai daya saing dipasaran global. Kucuran dana yang berasal dari APBD Tahun 2005, sekira Rp. 50 juta itu diharapkan dapat merangsang petani tembakau agar mampu membudidayakan tembakau jenis Darma yang sudah mampu bersaing di pasar regional Jawa Barat.
Menurut keterangan Ir. Dudi Usmadi, Kabid Produksi Dinas Hutbun Kuningan saat ditemui di ruang kerjanya. Masyarakat petani di Kuningan, sebetulnya tidak mempunyai tradisi menanam tembakau. Pasalnya tanaman tembakau harus berada pada ketinggian kurang lebih 700 dpl di atas permukaan laut, suhu sekira 25 sampai 28 derajat. Mungkin kerena daerahnya dianggap kurang memenuhi persyaratan, kata Dudi, para petani di Kab. Kuningan secara umum terpola untuk menanam padi, kacang-kacangan, serta umbi-umbian.
Pola bertani yang berlangsung lama itu, sangat sulit dirubah sehingga perlu reorientasi terlebih dahulu. Selain kesulitan mengubah orientasi petani, juga daerah yang cocok untuk menanam tembakau sangat sulit, sehingga pihak Pemkab perlu turun tangan. Setelah melakukan survey,ditemukanlah daerah yang cocok untuk dijadikan “pilot projek” yaitu Desa Karangsari dan Gunung Sirah Kec. Darma. Dua desa ini sangat cocok untuk menanam tembakau, letak daerahnya 700 dpl diatas permukaan laut dan suhunya relatif stabil antara 27 sampai 30 derajat.
“Setelah melakukan reoreintasi kepada para petani di Desa Karangsari dan Gunung Sirah, ternyata mereka sanggup menanamnya dan ternyata berhasil. Hanya saat itu tembakau yang dibudidayakan adalah tembakau lokal. ” papar Dudi.
Bertitik tolak dari pengalaman itu, kata Dudi, pihaknya terus melakukan pembudidayaan tembakau lokal dan hasilnya cukup menggembirakan, mendapatkan sambutan dari berbagai pihak. Atas keberhasilan itu, diperoleh nama tembakau jenis Darma, sesuai dengan nama daerah yang pertama kali mempopulerkannya. Tembakau jenis Darma dikembangkan pula ke wilayah lain seperti Kec. Lebakwangi dan Maleber, hasilnya cukup menggembirakan.
“Tembakau jenis Darma sangat disukai pasar karena aromanya, serta rasanya tidak sengak atau membuat batuk,” ucapnya tanpa bermaksud promosi.
Pasar yang sudah mempercayai tembakau jenis Darma dan mampu menyerap dalam oplah tinggi baru pasar Tanjungsari Kab. Sumedang. Namun masih perlu upaya untuk mempertahankan kondisi pasar yang sudah diraih karena persaingan tembakau sangat ketat.
“Tembakau yang selalu menjadi tolok ukur di pasar dunia adalah tembakau jenis Virginia. Sementara tembakau lokal baru dikonsumsi oleh pabrik rokok lokal. Supaya mampu bersaing, tentunya para petani tembakau di Kec. Lebakwangi dan Maleber perlu dibantu, dan pihak Pemkab telah mengalokasikan dana sebesar Rp. 50 juta,” tandas Dudi.***


Komentar Terakhir