You are currently browsing the daily archive for September 3rd, 2007.

Angin yang meniupku di senja hariadalah penantian maha panjang

tentang air yang menghampiri ke poko-poko batu

menidurinya di malam buta

 

angin yang meniupku di senja hari

sebingkai potret akar yang tidak pernah diam

mencari kering lubang-lubang

diantara rimbun semak belukar

 

angin yang meniupku di senja hari

warna langit tidak pernah berubah

menjadi daun-daun raksasa di teras rumah

menyerak dalam kepingan dangau

 

ah ……..

angin yang diam dalam pelataran senja

tidak pernah menguap dalam kerontangnya

namun aku masih ajeg di sini

aku tetap memukul sepi yang tidak diam

 

ah ……………….

Ketika marah tidak pernah terungkap

hanya menjadi mimic muram

friend-4ever.jpgNyarang Hujan KARIAAN mangsa rendeng, pikeun tukang nyarang (tukang nyinglarkeun hujan-red) sok kabawa riweuh. Kusabab rea masarakat nu ngalaksanakeun kariaan, bari jeung teu ngitung mangsa rendeng atawa halodo. Masarakat teh sok maksakeun, kusabab boga anggapan ngalaksanakeun kariaan mah kudu bulan Rayagung. Alesanana basajan pisan yen eta bulan dianggap hade.Geus jadi kailaharan yen bulan Rayagung keur masarakat Kabupaten Kuningan, pikeun ngalaksanakeun kariaan, boh kawinan atawa nyunatan. Tacan kungsi aya masarakat ngayakeun kariaan dina bulan hapit, eta mah dipantrang pisan. Nu matak dina bulan rayagung ondangan teh sok merul, boh ti kaler, kidul, kulon jeung wetan. Teu sirikna ti unggal madhab, matak jangar keur nu nampana.“Bulan Rayagung teh dianggap panghadena keur kariaan. Teu nolih, naha nincak mangsa rendeng atawa halodo? Nu penting mah paniatan ngawinkeun atawa nyunatan kalaksanakeun. Pasualan hujan mah bisa ditarekahan, kucara ngogan tukang nyarang. Ari geus di sarang mah, hujan teh langka turun di tempat kariaan,” ceuk Suparman (55) warga Dusun Pahing Desa Gunungkeling Kacamatan Cigugur.Kulantaran masarakat boga pamadegan samodel kitu, sambung Suparman, antukna tara ngitung mangsa rendeng atawa halodo. Siga kiwari, apan Rayagung teh nincak bulan Desember-Januari, hujan mimiti ayer-ayeran. Munasabah risiko nu ditanggung ku nu hajat teu bisa disingkahan. Nu matak salah sahiji cara pikeun ngungkulanana ngagunakeun jasa tukang nyarang.Risiko nu hajat kahujanan pikeun Sanadi (49) warga RT 12/6 Dusun Cageur Desa Walaharcageur Kacamatan Luragung jadi boga pagewean tambahan salian tina tani. Bulan Rayagung keur inyana mah asa tambuh laku, sabab unggal poe diogan kamana-mana pikeun nyinglarkeun hujan sangkan teu turun di tempat nu bakal hajat. Sedengkeun pagawean di sawahna rada kaluli-luli.“Nyinglarkeun hujan teh lain ngeureunkeun hujan. Pagawean eta mah kuring oge teu bisa, sabab ngan ukur Allah nu bisa teh. Sedengkeun pagawean tukang nyarang mah, ngan ukur mindahkeun hujan bae. Lain ngeureunkeun. Siga kieu, di tempat hajat geus ceudeum atawa miripis. Eta teh bisa dipindahkeun ka tempat sejen, kajeun ngan ukur beda RT,” ceuk Sanadi.Ceuk Sanadi, pikeun mindahkeun hujan nu dipakena aya sababaraha cara gumantung pamenta nu boga hajat. Saumpamana cek nu hajat, nu penting ulah hujan badag. Dirina ngalaksanakeun pamenta nu ngogan. Seug lamun mentana ulah hujan sama sakali, tah eta mah rada beurat sabab kaperluanana kudu sagala diayakeun. Tapi karereaanana nu penting mah ngan ukur ulah hujan bae.Pikeun nyarang hujan, ceuk Sanadi, nu hajat kudu nyadiakeun kaperluan nyarang. Nu geus kailarahan mah dirina sok make cara nu geus teu bireuk deui. Siga bawang beureum, sabrang beureum, uyah jeung parukuyan. Bawang beureum jeung sabrang beureum ditiir ku biting tuluy ditancebkeun dijuru imah jeung panggung. Sedengkeun uyah aya nu dibeuleum jeung nu diawurkeun ngurilingan tempat nu hajat.Samemeh eta sarat ditancebkeun jeung diawurkeun. Sanadi, ngalaksanakeun ritual tempatna teu ditangtukeun gumantung kahayangna. Tapi nu biasa dilakonan mah, dirina sok nyiar tempat sepi nu teu kagiridig teuing ku nu mangku hajat. Geus sagala aya, Sanadi mimiti meuleum menyan dina parukuyan. Bari ngedalkeun kekcapan samodel kieu.Bissmillahirohmanirohim, nun gusti sim kuring mung ukur ngalaksanakeun paniatan nu boga hajat kulawargana si anu. Inyana menta sangkan paniatanana taya halangan harungan. Ku kituna ka Embah Kuwu Sangkan Cirebon Girang, nu ngaheuyeuk dayeuh. Ki Jagatnata nu ngageugeuh ieu lembur, Nyi Rambut Kasih nu dumuk di Rajagaluh, kuring manuhun sangkan hujan nu baris datang pang mindahkeun ka daerah sejen.Kitu pok-pokanana Sanadi. Rengse ngucapkeun eta kekecapan. Dituluykeun ku maca kuluhu sababaraha balikan, dipungkas ku fatihah. Rengse manuhun. Sanadi teu tuluy mulang ka imahna. Tapi inyana tetep bae nungkulan nu hajat, ngan tara cicing di panggung atawa di imah nu hajat. Inyana cicing di tempat nu rada anggang. Eta oge lain ngan ukur cicing tapi tuluy-tuluyan ngagerencemkeun kuluhu nepi ka rengsena hajat.“Geus diparancahan kitu mah, hujan teh tara turun. Dina copelna ngan ukur miripis eta oge tara lila. Pagawean kitu teh capena mah nataku. Ngan kuring mah nganggap bae ibadah,” pokna mungkas wangkongan.***

I.K.L.A.N

Citizen Journalism

Warta Desa DIHADIRKAN SEBAGAI CITIZEN JOURNALISM. SIAPA PUN BERHAK UNTUK MENGIRIMKAN INFORMASI UNTUK DIJADIKAN BERITA. NAMUN TERLEBIH DAHULU MENDAPAT PERSETUJUAN REDAKSI.

Arsip

a

 

September 2007
S S R K J S M
« Agu   Okt »
 12
3456789
10111213141516
17181920212223
24252627282930